----- Original Message ----- From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > Basa ka lembur 2 taun ka tukang, sobat kuring awewe EMBUNG diajak > sasalaman deuih. HARAM cenah! Beu....
Asana kabiasaan ieu teh mucunghul 10-12 taun katukang. Aya sababaraha urang batur kuring nu wanoja, nu embung paantel leungeun. Mimiti mah kuring sok kasigeung ku kalakuan kitu teh. Enya, saha nu teu rek kasigeung, urang ngajak sasalaman, ari ieu kalahka narik leungeunna. Tapi ayeuna mah geus surti, lamun aya nu kitu teh. Bae lah da kahayangna, ngan akhirna asa aya pangwates dina "gaul", asa kararagok. Salah saurang batur kuring nu kitu teh, wanoja pinter. Waktu mimiti wawuh mah, manehna henteu kitu. Malah katingalina wanoja gaul: Dicalana jeans atawa make rok nu ngadeukeutan rok mini. Malah manehna rada leuwih ti wanoja umumna, nyaeta ngepluk ngaroko Marlboro. Tilu taun digawe sakantor. Manehna meunang beasiswa sakola ka Australia. Pleng weh teu papanggih-papanggih, meunang tilu taun mah. Tah waktu balik ti Australia, manehna robah, ayeuna dikurudung jeung embung paantel jeung lalaki. Sabab harita mah acan ilahar kalakuan kitu teh, atuh geunjleung sakantor. Loba lalaki ngarasa kasigeung, waktu ngajak sasalaman ...... Sanggeus tilu taun, manehna meunang beasiswa deui, keur tingkat doktoralna di Inggris. Nya biur kaditu, ngaleungit ti kantor kuring ampir tilu taun. Balik geus mawa gelar PhD jeung masih dikurudung. Ngan ayeuna mah aya nu beda, manehna daek sasalaman deui jeung lalaki. Waktu pamajikan kuring mimiti make kurudung (kuring & pamajikan sakantor), manehna nganaha-naha ka pamajikan kuring, omongna teh alusna mah teu kudu dikurudung kabeh, teu lucu, cenah, sarwa saragam ...... Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
