Kang Wly,

Sigana mah leuwih HISTERIA tinimbang kritis. Komo mun ditingali
kasangtukang anu kekepehan nolak mah... Pan geuning katingali he he
he. Kelompok2 mana2 na mah... moal dibejakeun. Lain kunanaon bisi
kuring nyalahan! ;))

Siga ay trend anyar di urang mah. Mun aya semah datang... heg
ngasongkeun leungeun.... 

1.Tong ditarima leungeun na (sasalam murengked tea? )...Walah... masih
keneh dengdem he he he! 

2. Tong disuguhan... ketah, suguhan ku demo (sajenis kueh buatan Bogor
ieu mah; anu bahan na taleus ateul!). 

3.Mun tamu geus datang... pek jarebian. Mun bisa... tonggengan we lah
he he he...

Meureun semah teh embungeun datang deui. Untung lebah dinya na mah...
teu kudu pak pik pek nguruskeun susuguh! ;))

baktos,

Rahman



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
> > Aya hiji hal anu positif tina ieu kajadian. Bangsa urang geus wani
> > jeung kritis ayeuna mah. 
> 
> Kritis atawa keuna ku histeria massa Kang RH? 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>



Kirim email ke