Hihihi sami abdi ge Teh... ari Jurig sieuneun ku salib mah meureun eta mah jujurigan sanes jurig nyaan hehehe. Asa teu asup di akal kitu... sami sareng jurig sieuneun ku tasbeh atawa Al Qur'an... siga na mah ari ceuk pamendak abdi mah meureun jurig teh saleresna mah sieun ku kayakinan jeung kakuatan urang nyalira ... urang kristen nganggo salib... meureun eta salib teh bisa ningkatkeun kapercayaan diri manehna kitu jadi lamun nyekel salib... timbul kawani. Sami sareng tasbeh atawa Qur'an keur... upami nyekel tasbeh bari maca Al Qur'an meureun langkung PD ... janten wawanina nambah oge bisa ngamunculkeun tanaga jero keur ngalawan eta jurig... tah tapi oge teu hilap gumantung kana kamampuan jalmana ...
Mangga ke upami abdi aya waktos mudik pulang kampung ke urang foto eta makam teh... hihihi ari abdi mah saumur-2 Alhamdulillah teu acan kantos pendak ari jeung jurig mah hehehe... mung ari kasurupan mah keur basa di lembur sok sering ninggali kitu malahan sok lucu hehehe. Tah aya kajadian anu menarik pas abdi ngadamel saung butut di Bogor... aya tukang anu kasurupan tah di ubaran ku Mama Kuwu ngan di usap beungeut na we wungkul... ceuk anu kasurupan teh ceunah mah aya nu asup rek ngabejaan taman di tukang kudu di tutup soalna di tukangeun teh masih loba kavling kosong jadi lamun di buka mengundang maling asup hihihi... dipikir-2 ku abdi asa asup akal oge eta papatah teh... akhirna diturutan weh tamana di tutup heuheuheu... Nembe emut Teh... Karuhun na namina Mbah Dalem Santapura asaan mah taun 1700-an sareng Raden Demang Mangku Praja 1830-an, Patih Sumedang Larang kitu. Makam Karamat ieu teh salah sahiji anu aya dinu situs Jatigede tea... pakuat pakait tuturunan tina Eyang Guru Perbu Aji Putih Resi Tembong Agung tea ... anu makamna teu tebih oge tidinya di muara Cimanuk sareng Cibayawak, tah mun ieu aya fotona :). Aya oge istilah Exocism ala Sunda mah... ceunah istilah na teh matut... malahan langkung canggih tinu exocism... ari exocism mah ngusir... tah ari urang sunda mah henteu ngusir tapi ngaharmoniskeun/ nyaluyukeun... jeung malikeun deui kana tetekon Gusti Nu Maha Suci... anu kirang langkung hartosna teh... Gusti nyiptakeun mahlukna teh dina alamna sewang-2an .... alam nyata sareng alam ghaib ... ari urang sunda mah dibalikeun deui ka asalna ... nu gaib sok weh... nu nyata nya jalan oge.. nu gaib ulah di usir da emang eta oge mahluk Alloh ... tah janten mun aya mahluk lain salain manusa istilah na mah ngadamel agreement kitu omat ulah ngaharu ganggu... sok weh hirup dina alam sewang-2an... bisina rek cicing dina ieu patempatan sok weh nu penting ulah ngaganggu da alam na oge beda... tah padahal mah sabenerna bisa oge meureun menta kanu matut ... tah mun bisa mah sakalian weh kitu kudu simbiosis mutualisme kitu... jadi lamun eta mahluk cicing dina patempatan urang nya lamun bisa mah kitu sakalian weh pang ngajaga jeung ngariksakeun heuheuheu... komo deui mun daek sasapu, ngepel, ngumbah piring mah waah tobh pisan eta hihihihi... Salam Exocism, Asep ----- Original Message ----- From: Nenen To: [email protected] Sent: Monday, November 27, 2006 9:08 PM Subject: Exorcism - Re: [Baraya_Sunda] Re: Fw: [jakarta-batavia] Kunjungan Bush, Sebuah I Kang Asep, abdi mah rada hambar ari salib tiasa ngusir jurig ???... ah duka nya he..he..he..he... Kang Asep atuh sempetkeun moto makamna, abdi hoyong terang, muntiasa mah kirimkeun potona ka email abdi, sareng pasihan katerangan (lokasi, sajarah-na), ari abdi mah resep kana carita misteri (yang berbau misteri), komo lamun aya sejarahna, abdi mah sok ngahaja milarian bukuna. Abdi oge nuju ngumpulkeun carita-carita misteri upami kang Asep gaduh pangalaman yang mengandung misteri/gaib, atuh kirim ka abdi lewat email caritana kanggo koleksi. Upami aya waktos mah bade dibukukeun. Ari abdi mah teu masalah kana kabenaran carita-na, abdi mah hoyong terang poto makamna, didaerah mana lokasina ? Saha nami karuhun-na ? Ah... pokona mah kudu kumplit he..he..he.. Hatur nuhun, Nn [Non-text portions of this message have been removed]
