Hehehe sumuhun Teh... ari jurig kulon mah masih sok raresep kitu... ngan palebah jurig endonesa kitu sok galeuleuh asaan teh... penampakan na teh bener-2 tidak higienis weh lah... jijay bajay pisan.
Mangga Teh... ke upami difoto ku abdi urang aplod ;)... Taman eta walopun alit ku abdi di alihkeun ka payun kitu hehehe... janten aya tempat niis bari nyuruput kopi teu hilap gigitaran ngalagukeun putri bandung tea... anu di sadur ku urang itali janten judulna teh Natali upami teu lepat mah ;). Hihihi... sumuhun namina kitu... Mung ambeh gampil sok disebut eyang Aji Putih...~ ajian bodas meureun ~ ngaluluguan elmu kaputihan tea... ngabersihan hate... supaya jadi beresih estuning teu boga niatan goreng kitu. Foto- foto makam na Eyang Aji Putih mah aya di http://aasep.multiply.com/photos/album/40 . Hihihi... eiiiit ke heula Teh... apanan anu gaib oge cicing di tempat urang... nya wayahna we kitu sakalian... hihihihi. Kecuali meureun lamun urang mementa ka manehna ... tangtuna eta anu gaib eta meunang angin alias boga bargaining power anu luhur kulantaran manehna dipenta tulung ku urang ... ku kituna maranehna asa boga power keur menta sagala rupi sakahayangna... tah tapi lamun dibalikeun... sapertos kieu... eiiit sakadang mahluk gaib... maraneh teh cicing di tempat sy yeuh... jadi sebage bagean penghuni ieu patempatan... nya wayahna maneh kudu ulubiung kontribusi kituh... ulah ngeunah ehe teu ngeunah eong... cicing di ieu patempatan bari jeung teu gawe ... komodeui bari ngaganggu mah kekekek. Minimal lamun geus dahar ngumbah piring sorangan hehehe... padahal sabenerna sigana serem oge nya lamun kajadian bener kitu... misalna eta si nu gaib teh ujug-2 bageur .... peuting-2 aya nu kokoer sasapu... atawa anu nimba... ujug-2 bak subuh-2 pinuh caina... piring-2 pada kakalayangan dina tempat kukumbah... ujug-2 langsung beresih.... hiyyyy syerem oge hehehe. Emut oge jaman ka pungkur sok ngangon sapi ka leuweung...kadang dugika sareupna... biasana lamun uih teh abdi jeung Abah (pun aki) sok sisinglar...Hayuu ah badagna, lembutna hayuu urang baralik ceunah... lamun aya jurig nyiliwuri, setan mindah rupa... kadituuu sing jauh... kasabrang ka palembang ... tong hilap balik mawa kurupuk heuheuheu. Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Nenen To: [email protected] Sent: Tuesday, November 28, 2006 11:00 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Exorcism Ha..ha..ha.. nyaan eta mah jurig dina film.... abdi oge resep nonton film drakula, aya drakula tiasa masuk gereja, terus menyentuh salib bari seuri, terus eta gereja jadi rumah raja drakula. (Drakula kuasai gereja). Matak abdi mah lamun lewat didepan gereja sok mikir boa boa aya raja drakula nyamuni diruang bawah tanah gereja he..he..he.. (Punteun kanggo umat kristiani, abdi mah ngan saukur humor...) Panasaran abdi mah hoyong ningali potona, kang Asep atuh kirimkeun poto anu aya (ngandung misteri) ka email abdi. Kadang abdi mah hemeng kanu kasurupan teh........., panginteun stress jadi urat syaraf tegang, akhirnya ngacaplak sorangan....... Ah... padahal mah eta taman teh ulah ditutup, ari diperumahan aya taman mah raos tiasa niis/santai/duduk-duduk ditaman, sareng utamana mah melestarikan lingkungan. > Nembe emut Teh... Karuhun na namina Mbah Dalem Santapura asaan mah taun 1700-an sareng Raden Demang Mangku Praja 1830-an, Patih Sumedang Larang kitu. Makam Karamat ieu teh salah sahiji anu aya dinu situs Jatigede tea... pakuat pakait tuturunan tina Eyang Guru Perbu Aji Putih Resi Tembong Agung tea ... anu makamna teu tebih oge tidinya di muara Cimanuk sareng Cibayawak, tah mun ieu aya fotona :). Sok atuh kirim potona ka abdi. Eh... eta nami karuhun teh geuningan mani serem, sareng panjang, nami jaman baheulaan, sigana mah banyak mengandung arti he..he..he.. he..he..he.. kang Asep lamun anu gaib tiasa janteun pembantu urang (tukang ngepel dll), panginteun upahna oge leuwih berat/mahal, bisa-bisa menta dibayar kutumbal...iihhhh serem........ Nn [Non-text portions of this message have been removed]
