Kahatur ka sadaya Baraya,
Sim kuring boga dongeng anu kaalaman ku pun Bapa di Garut dina akhir 60-an
tepi ka akhir 70-an, mudah-mudahan bisa jadi eunteung keur urang sakabeh.
Ieu dongeng teh aya kaitanana jeung masalah Zakat (Fitrah, Mal, Profesi jst).
Pun Bapa harita nyaksian pisan kumaha pagorenyangna jalma-jalma anu ngaku
Ustadz, Ajengan, Kiayi, Pajabat Desa, Kacamatan jstna kana harta hasil
ngumpulkeun tina Zakat. Anu di akhirna fakir miskin jeung budak yatim mah ngan
kabagean sesana (kitu oge mun aya keneh).
Nya ti dinya pun Bapa mimiti singkil. Ngan dibaturan ku duaan panyawahna,
dina hiji akhir bulan puasa pun Bapa mimiti ngadatangan para muzaki anu
percayaeun ka anjeunna pikeun ngumpulkeun zakat. Sanggeus eta harta Zakat
dikumpulkeun, sapeser oge teu aya anu disetorkeun ka DKM atawa ka Desa, tapi
langsung peutingan lebaran eta harta zakat teh dibagikeun deui ka anu hak
narimana. Matak ngangres jeung nalangsa nyaksian kaum miskin waktu harita basa
diserenan harta zakat tea. Aya anu tepikeun ka sujud nyebut nuhunna oge awahing
ku bungah. Pedah geus sababaraha lebaran asa kakara deui aya jalma anu datang
ka imahna bari jeung mere keur kabutuhan hirupna.
Tapi kumaha akibatna ? Saminggu pun Bapa dikerem di Koramil, dituduh
ngagelapkeun zakat. Padahal sabenerna saha anu salila ieu nyelewengkeun zakat
teh ?
Taun-taun saterusna pun Bapa tambah dipercaya ku masyarakat tepi ka diangkat
jadi sesepuh masjid. Nya ti harita pun Bapa ngarobah cara ngamangpaatkeun harta
tina zakat. Ti sakabeh warga anu kaitung miskin, diteangan anu kira-kirana bisa
usaha (kreatif), terus dimodalan tina harta zakat eta. Aya anu dagang bajigur,
jual beuli gula kawung, anu meuli beca oge aya. Eta modal henteu dibikeun kitu
wae, tapi kudu dibayar ku jalan dicicil samampuhna tanpa "bunga" (lain
kembang), terus modal anu geus ngumpul deui teh digilirkeun ka warga anu
sejenna.
Tujuan poko na mah. Kahiji ngomean ekonomi kulawarga anu miskin, kaduana (ieu
anu leuwih penting) ngomean tingkat pendidikan anak-anakna. Sabab harita di
lembur tingkat pendidikan teh handap pisan, rata-rata teu tamat sd-sd acan.
Sugan ari kolotna bisa usaha mah, bisa nyakolakeun anak-anakna ka sakola anu
leuwih luhur. Meureun ari geus boga modal elmu mah kahirupanana moal siga
kolot-kolotna teuing.
Tah kitu baraya sadaya, program pengentasan kemiskinan teh teu kudu
muluk-muluk, mimitian we ti lingkungan anu pangdeukeutna jeung urang. Insya
Allah bakal langsung karasa hasilna. Asal urang ikhlas lillahi ta'ala dina
ngalaksanakeunana, ulah aya pamrih nanaon keur kapentingan pribadi.
Nyanggakeun !
Baktos,
Dadi.
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tinimbang mere barang konsumsi, kumaha mun eta duit dijieun
investasi?
Enya... nu miskin perlu dahareun. Tapi sa leuwih hade mun dibere USEUP
na tinimbang lauk mah.
Skenariona kieu. Duit zakat (naon bae) kumpulkeun. Hek digolangkeun
(diinvestasikeun), nyieunan pipagaweaneun. Terus nu mariskin teh sina
garawe. Sigana moal ngagantung teuing.
Enya... ieu mah teori muluk. Tapi, mun teu dicoba jeng teu dimimitian
moal bisa kabuktian bener henteu na lin?
Sigana mah kaitung BEDAS oge ieu pimodaleun teh.
baktos,
Rahman
--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> zakat fitrah mah biasana dibagikeun dina bentuk barang konsumsi,
nyaeta beas
> tea, jeung deuih jumlahna ge saeutik, da dina aturanana ge kitu. Anu
boga
> potensi gede mah zakat nu sejenna: maal & profesi, nu ku sabagian
organisasi
> dipake pikeun ngayakeun rumah bersalin gratis, tatamba gratis, beasiswa,
> jsb.
>
> On 11/29/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Eta... aya nu terang. Duit zakat fitrah tiap taun tea, kaman nya
> > lumpatna? Haaar... los2 kana zakat deuih! Bae ah... da ngarana ge
> > ngalindur. Jalurna ge pan sok teu puguh! he he he...
> >
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
Salam Sejahtera,
DSKCG
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]