--- In [email protected], "a2z idea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Masyarakat urang teh da teu bodo2 teuing. Dalil2 aa Gym meureun 
> masih payu jang urang2 anu awam pisan kana agama, tapi masyarakat 
> berkembang..lambat 
> laun ti saprak kajadian ieu komo anu rasional mah moal asal narima 
> kana ucapan ulama.

Teh Aryani, nu jelas Aa Gym bakal kaleungitan "penggemar" ti 
sabagian kaum Hawa ....hehehehe. Ari kaum "jalu" mah kumaha 
kapentinganana. Umpmama kaum jalu nu hayang kawin deui, meureun Aa 
Gym dipake conto bari ditambahan Sunnah Nabi. Aa Gym saolah-olah 
ngalegimitasi kalakuan sesa "evolusi".

Kuring mah resep dunya sato Teh Aryani, sakolana salah jurusan, tina 
test bakat, bakatna kana Biologi, ari asup jurusan Fisika. Tapi 
karesep maca buku sasatoan tepi ka ayeuna, teu bisa dileungitkeun. 
Tah tina buku sasatoan, komo nu nyaritakeun bangsa Primata (Monyet 
alias kunyuk) kuring manggih sifat-sifat monyet nu aya kasaruaan 
jeung sifat2 manusa.

Monyet, kaasup makhluk sosial, manusa oge. Monyet aya pamimpinna, nu 
disebut Mandahong, manusa oge sarua. Masyarakat monyet oge aya 
hiarki sosialna saperti manusa. Nu paling penting, monyet jalu oge 
resep poligami. Mandahong, pamimpin monyet panglobana koleksi 
bikangna, beuki handap status sosialna, beuki kurang koleksi 
bikangna ...malah "kasta paria" mah teu kabagean pisan.

Ceuk dina buku, insting mandahong boga bikang loba, sabenerna mah 
hal nu wajar, keur ngalanggengkeun speciesna. Mandahong, monyet jalu 
anu kuat, tangtuna oge turunana (anak-anakna) kawaris gen-gen nu 
kuat. Ngan nu kuat nu bisa ngalanggengkeun speciesna.

Manusia primitif, lamun ditengetan boga kalakuan nu ampir sarua. 
Kepala Suku di kajeroan Papua, bisa boga pamajikan tepi ka puluhan. 
Obahorok kapala suku nu baheula ngawin Anthropolog Amerika, boga 
pamajikan leuwih ti 20 urang. Jadi, poligami sabenerna wajar jeung 
alamiah, mangrupakeun warisan ti luluhur manusa ...

Ngan, Teh Aryani kuring jadi ngahuleng. Heueuh ngahuleng, apan urang 
mah manusa, mahluk nu boga akal jeung budaya, nu embung disaruakeun 
jeung monyet. Tangtuna oge supaya rada beda jeung kunyuk, manusa 
(lalaki) pan teu kudu nurutan kunyuk ...... ku alesan yen ngoleksi 
bikang teh alamiah atawa geus kodrati .... 


Baktos,
WALUYA
[teu ngarasa turunan kunyuk]

Kirim email ke