Abah Kasep,

Hapunten ari cariosan abdi di handap tos menyakiti hate abah kasep.
Panginten abdi ge moal ngiring ngomentaran ari anu ngalakonan 
poligami/poliandri sanes jalmi populer.

Tapi tetep nu namina hirup bermasyarakat mah kedah aya kontrol komo deui 
upami nyangkut kana
masalah nilai. Komo deui anu kasebatna pemimpin (ceuk pengikutna), atuh nya 
entong anti kritik.

Ari masalah salah teu salah, mangga abah kasep nyarios teu salah eta mah hak 
abah. (Saukur ngabela diri) keun we atuh abdi ge nyebat tilu kasalahan upami 
abdi ninggal tina sudut pandang anu sanes? mangga tinggal sakali deui 
seratan abdi di handap upami kirang nangkap mah.

Aduh eta kata2 "sirik tanpa ta' mampu". Kumaha abah ari ternyata abdi teh 
"sirik tapi mampu" ?
mampu naon? nya mampu dipoligami beu...teu ketang heureuuuy! Mugi abdi mah 
teu gaduh hate sirik komo deui syirik.

Masalah ngaramekeun, punten abdi teu nyangkol naon sebabna kata eta 
dipasihan tanda petik.
Nu jelas, nu ngaramekeun teh saha? tangtosna anu gaduh media tipi, radio 
sareng tabloid atuh abaaaahhhhh.

Naon pangaruhna sih abdi ngiring ngomentaran di dieu? Keur naon oge deui 
atuh abah abdi ngaramekeun, halah karek 2 oge meni sewot nya. Komo deui 
lamun 20 koleksi siga carita kang Waluya.



Baktos,
Aryani









>From: abah kasep <[EMAIL PROTECTED]>
>Reply-To: [email protected]
>To: [email protected]
>Subject: Re: [Baraya_Sunda] TILU KASALAHAN FATAL AA GYM
>Date: Sun, 3 Dec 2006 23:19:28 -0800 (PST)
>
>Teu aya anu lepat ti Aa Gym teh.....
>   malah kedah 'didukung' .... pan engke katinggali model ngawayuh Aa Gym 
>teh
>   janten 'panutan' atanapi kumaha kituuu ..... janten awon ka anjeunna.. 
>nauzubillahimindzalik...
>
>   Alhamdulillah Aa Gym gaduh istri anu maparin widi kanggo  nikah deui...
>   (padahal saleresna mah aya widi atanpi widi mun bade ngawayuh mah..... 
>prung wee..)
>   soal ikhlas atanapi heunteu mah urusan Teh Ninih sareng Alloh Nu Maha 
>Suci weee.....
>
>   Janten teu aya nu lepat...anu lepat mah anu 'ngaramekeun' weeee..... 
>ceuk urang batawi mah ...'sirik tanpa ta' mampu' hehehhehehe....... :)
>
>   Sakitu heula .... punten upami aya anu panuju!
>
>   wassalam
>
>
>
>tatang sofyan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           punten Teteh nimbrung..berarti program manajemen qolbu
>na Aa Gym berhasil minimnal kadua istrina (nu sepuh +
>nu anom)...abdige puguh hanjelu...
>--- a2z idea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> > Baraya saur pandapat abdi mah,
> >
> > 3 Kasalahan fatal aa Gym teh nyaeta:
> >
> > 1. tina pres konperensna bieu anjeuna mere dalil
> > SUNNAH jang pembenaran
> > tindakan poligamina.
> > padahal tinggal ngomong; "kuring hayang kawin deui,
> > pamajikan ngijinan"
> > titik!
> >
> > :: Piraku tindakan nyukur rambut teh sunnah, tah ari
> > eweuh rambutna KUMAHA
> > aa Gym?
> > ieu perumapamaan jang kata-kata Ibu Ninih anu
> > nyarios "meski menyakitkan..."
> > Jadi na poligami teh sunnah? meski istrina ngaku aya
> > kanyeuri? Batal atuh
> > pake dalil sunnah mah!
> > Terserah mau poligami atau freesex aa, asal aya
> > KESEPAKATAN bukan SUNNAH!
> >
> > 2. jang tindakan apologina manehna bieu nyaeta mere
> > pandapat pribadi jang
> > nyerang ka nu teu sapandapat poligami.
> >
> > :: Make dalil ingin meluruskan pemahaman poligami
> > yang salah kek, atawa
> > memberi solusi atas terjadinya freesex atau
> > perbuatan selingkuh kek. TEU AYA
> > atuh aa Gym ceuk abdi mah hubungan antara poligami
> > jeung selingkuh atawa
> > freesex. Baheula ti jaman Rasulullah poligami geus
> > diatur ge da teu lantas
> > ngurangan kajadian selingkuh jeung freesex. Kitu
> > deui ayeuna.
> >
> > 3. teu masalah mun aa Gym kawin deui basa kahirupan
> > ekonomi manehna
> > pas-pasan atawa masih ngarangkak susah jeung can
> > jadi terkenal siga ayeuna.
> > Tapi ayeuna manehna geus dianggap TOKOH AGAMA. Jadi,
> > jelas-jelas tindakan
> > poligamina teh (rek cicing2 atawa teu cicing) adalah
> > bukti kagagalan dirina
> > anu teu boga kontrol sosial.
> >
> > Masyarakat urang teh da teu bodo2 teuing. Dalil2 aa
> > Gym meureun masih payu
> > jang urang2 anu awam pisan kana agama, tapi
> > masyarakat berkembang..lambat
> > laun ti saprak kajadian ieu komo anu rasional mah
> > moal asal narima kana
> > ucapan ulama.
> >
> > Baktos,
> > Aryani
> >
> >
>__________________________________________________________
> > Express yourself instantly with MSN Messenger!
> > Download today it's FREE!
> >
>http://messenger.msn.click-url.com/go/onm00200471ave/direct/01/
> >
> >
>
>
>____________________________________________________
>Yahoo! Singapore Answers
>Real people. Real questions. Real answers. Share what you know at 
>http://answers.yahoo.com.sg
>
>
>
>
>
>---------------------------------
>Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your 
>question on Yahoo! Answers.
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>

_________________________________________________________________
Don't just search. Find. Check out the new MSN Search! 
http://search.msn.click-url.com/go/onm00200636ave/direct/01/

Kirim email ke