> Kalaulah zaman kolonial dulu ada semacam "litsus", Raden Dewi Sartika
> memang sulit untuk bisa lolos. Ayahanda Dewi Sartika di-blacklist
> Belanda. Sedangkan ayah Kartini, terbilang mulus-mulus saja.
> 

Rek komentar saeutik.

Ari ceuk kuring mah...Lain ETA masalah na Teh Nina. 
Kartini leuwih terkenal dina konsep2 pamikiranana, kusabab Kartini
boga kabiasaan NULIS!

Urang NL (Kulon sacara umum), pan kasebut boga budaya tinulis anu
hade. Kusabab kitu budaya Kulon leuwih nganggap penting tulisan. 

Enya..., Dewi Sartika boga konsep2 pamikiran anu alus, malah mah
dipraktekkeun sagala. Tapi hanjakal na teh euweuh gutrutna anu bisa
ngabuktikeun yen eta konsep teh hasil pamikiranana. Mun Sartika daek
tulas tulis, sigana mah bakal beda tanggapan internasional teh.

Bukti lain yen Sartika TEU diapilainkeun ku Pamarentah Kolonial... pan
Sartika ge meunang bantuan sagala lin? Malah mah dijadikeun proyek
percontohan sagala. 

Jadi... asa TEU nyambung. Mun Sartika make di-blacklist sagala. 

Cikan... aya bukti tinulisna (mangrupa arsip) anu nguatan ieu teori
teu nya? Mun daek... sagala ge aya dina arsip Walanda mah! Ngan...
kudu dikukuy meureun.

baktos,

Rahman

Kirim email ke