--- In [EMAIL PROTECTED], "mamangantra2000" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi, Waktu HBH di Cibatu kamari, salah sahiji nu narik ati kuring nyaeta obrolan ngeunaan pangalaman waktu Galunggung bitu. Teuing ti mana mimitina eta obrolan teh. Nu inget, harita Kang Eko nu medar perkara ieu teh. Keur kuring mah pangalaman Kang Eko teh kacida narikna. Wuwuhan Kang Eko, harita, masih keneh Sakola Dasar (Leres heunteu, Kang?). Kasawang, kumaha hiji budak helok ningali lahar nu ruhay. "Tiap sonten abdi sabatur-batur ngadon lalajo," saur Kang Eko, kurang leuwih. Tah, kumaha pangalaman para wagi sadayana, utamana nu urang Tasik -- boh nu wetaneun, kuloneun, kiduleun, atawa kalereun Galunggung. Cik dongengkeun deui pangalaman para saderek eta dina milis ieu. Asana bisa jadi hiji "sesuatu", boh salaku hiji obrolan, kasaksian, pangalaman aheng, atawa "sajarah sosial" pisan. Diantos pisan, ah. Oge ka Kang Eko: Tong mendeko bae. Cobi kotretkeun deui pangalaman Akang harita teh. Alungkeun ka dieu. Urang kempelkeun. Baktos, MGT --- End forwarded message ---
