Ampun ampun kang, abdi mah lamun geus dibere ilmu astronomi penteunna minus 9.
Komo lamun dibere istilah kidul kulon kenca katuhu, geus we siga tokoh kartun;
hihideung panon muter teu ereun-ereun.
Ngan sual panonpoe ngulilingan bumi atanapi bumi ngulilingan panonpoe,
perbebatan ieu teh ngadangu tos ti kapungkur. Sanes kaum agama wae anu benten
pandapatna sareng teori Copernicus, ceunah mah ilmuwan mazhab nu sanes oge.
Tah kusabab abdi nol bahkan minus pisan kana sual astronomi, ngan tiasa ikut
nimbrung nyarios perihal ieu. Panginten aya teu sangkut pautna sareng teori
relatipitas:
Panginten abah haji anu keukeuh yen panonpoe anu ngulilingan bumi, kusabab
ningalina di panonpoe. Abah haji teh panginten netepna sareng gaduh villa di
panonpoe. Anu gaduh pendapat yen bumi anu ngulilingan panonpoe teh ninggal na
di bumi.
Tapi aya teu anu gaduh pendapat yen boh panonpoe jeung bumi saling muter saling
ngulilingan, kinten-kintena ningalina di mana nya? di Mars kitu?
Baktos,
Aryani
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tadina mah
kuring moal kapapanjangan soal "Dunya ngurilingan Panonpoe",
sabab nyangka soal ieu teh GEUS DITARIMA ku sarerea. Tapi sanggeus maca
fatwa ulama "salafus Sholih" jeung deuih ceuk Kang Dadi Karnadi nu di
Malaysia, yen dalil-dalil nu dicandak ku Sang Ulama, teu diragukeun deui.
Kuring, nu kungsi diajar rada "serieus" dina sains (elmu pangaweruh soal
alam), asa boga kawajiban, nerangkeun saeutik soal "Dunya ngurilingan
Panonpoe".
Ahli elmu pangaweruh nu mimiti nerangkeun nepi ka jelas, yen sabenerna mah
dunya teh ngurilingan panonpoe, Nicholas Copernicus, nu lahir di taun 1473
M, di Polandia (jadi 600 taun katukang). Jaman harita, acan aya nu disebut
teleskup, Copernicus ngaluarkeun teorina, ukur tina bukti-bukti tina
nengetan gerak bentang-bentang dilangit. Jadi Coperncius jenius pisan, 600
taun katukang, dimana alat-alat acan aya, aya jelema geus mikir kitu.
Bandingkeun jeung ayeuna, alat-alat geus sakitu caranggihna, malah aya nu
mikir sabalikna (panonpoe ngurilingan dunya).
Naon nu dijieun acuan/bukti ku Copernicus yen dunya teh sabenerna
ngurilingan panonpoe? loba sabenerna mah, tapi ieu salah sahijina, nu urang
oge BISA NGALAKUKEUN, teu kudu elmuwan wae. Di langit, salian ti panonpoe
jeung bulan, aya bentang-bentang. Diantara bentang-bentang nu jumlahna
jutaan dilangit, aya bentang anu molotot wae, teu ngiceup-ngiceup. Tah ieu
sabenerna laen bentang, tapi disebutna PLANET. Planet nu gampang katingali
ku urang lamun tatanggahan nempo langit, aya dua, nyaeta bentang Timur nu
leuwih katelahna Venus jeung planet nu warnana beureum, katelahna MARS.
Bentang dilangit peuting, katingalina siga ngurilingan dunya, hiji bentang
nu katempo jam 19:00, posisina robah lamun kasubuhnakeun, lamun difoto
terus-terusan sapanjang peuting, bakal katingali yen bentang-bentang
dilangit teh "leumpang" ka arah wetan. Planet oge sarua siga kitu, tapi
lamun urang nengetan lintasan Planet Mars (bentang warnana beureum di
langit, tapi teu ngiceup2) bakal katingali yen Mars teh teu salawasna kitu.
Kadang-kadang Mars teh katingalina sarua jeung bentang nu sejen gerak ka
wetan, tapi sakapeung, Mars teh henteu obah, MALAH CICING, terus mundur, nu
sejen ka wetan, Mars malah ka kulon. Aneh pan? kunaon pangna kitu?
Copernicus bisa nerangkeun gejala ieu, ceuk manehna, sabab Dunya jeung Mars
sarua ngurilingan panonpoe, ngan bedana teh Dunya mah dina lingkaran jero
ari Mars di lingkaran luar, Lingkaran lintasan bumi diameterna langkung
leutik ti lingkaran lintasan Mars. Bumi ngurilingan paonpoe leuwih gancang
tinimbang Mars. Hiji waktu Bumi/Dunya teh nyusul Mars, tah akibatna keur nu
nempo di Bumi, nempo Mars teh siga CICING terus mundur!. Teu percanten?
mangga tatanggahan ka langit, unggal peuting, tengetan gerak planet Mars,
sarerea oge bakal mendakan gejala ieu.
Tangtos wae, keur ayeuna mah, ku kamajuan teknologi, soal Dunya ngurilingan
Panonpoe teh, buktina satumpuk, GEUS TEU BISA DIBANTAH DEUI. Jadi umpama
aya fatwa/ tafsir ulama tepi ka nyebutkeun yen panonpoe ngurilingan dunya,
ieu ulama teh ngan ngandelkeun tekstual (nu katulis) dina Kitab Suci, tapi
embung nafsirkeun sacara "kontekstual" (nu sok dianggap nafsirkeun ayat suci
sangeunahna, kumaha kuring) . Akibatna agama siga PATULANG-TONGGONG jeung
elmu pangaweruh. Umpama 600 taun katukang mah teu nanaon, sabab Copernicus
oge, teu wanieun medalkeun bukuna soal ieu, ngan sanggeus kolot pisan,
manehna kakara wani, ukur sababraha taun sateuacan manehna ngantunkeun.
Copernicus teu ngalamanan di"caci maki" ku kaum agamawan, tapi nu nuluykeun
faham "heliosentris" ieu, ngalaman hal-hal nu teu ngeunah ti kaum agamawan.
Jadi? ...... hayu ah urang kritis dina pamikiran, ulah sagala DITEUREUY
BULEUD teuing, da ulama oge jalma lain malaikat!
Baktos,
WALUYA
_
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
[Non-text portions of this message have been removed]