From: "a2z idea" <[EMAIL PROTECTED]>
> Ampun ampun kang, abdi mah lamun geus dibere ilmu astronomi penteunna
> minus 9. Komo lamun dibere istilah kidul
> kulon kenca katuhu, geus we siga tokoh kartun; hihideung panon muter teu
> ereun-ereun.

Ih ....atuh sami jeung kuring, kuring oge sok salah wae antara kenca jeung
katuhu teh. Lamun keur nyupir jeung pamajikan, ku pamajikan dititah belok ka
kenca, ari ieu malah belok ka katuhu. Pamajikan teh nyentak: "Kenca, kenca
... nyaho henteu kenca?", Kuring ngahuleng nginget-nginget heula, mana
leungeun nu sok dipake dahar .....ah ieu geuning katuhu teh, tapi telat
mobil geus ka kenca, kapaksa muter deui
.
Teh, perkawis dunya ngurilingan panonpoe, saleresna teu kalebet relatipitas. 
Margi perkawis ieu tiasa dijelaskeun ku Hukum Gravitasi Newton. Dua barang 
gaduh gaya tarik-tarikan (tarik-menarik). Upami barang leutik pisan, eta 
barang bakal katarik, ngagebrus kana barang nu leuwih gede, komo lamun 
jarakna teu pati jauh. Dunya, sanajan jauh leuwih leutik ti panonpoe, 
garvitasina lumayan oge, jadi bisa nahan "pangajak" gravitasi panonpoe. Nepi 
weh aya kasaimbangan nyaeta dunya ngurilingan panonpoe. Lintasan Dunya dina 
ngurilingan panonpe oge henteu buleud (lingkaran) sampurna, tapi bentukna 
elips (tos kabuktosan, kadang dunya teh deukeut ti panonpoe, kadang-kadang 
posisina teh tebih). Ieu saluyu jeung hukum Gravitasi Newton lamun barang 
tarik-tarikan, tapi nu "leutik" embung eleh, nu leutik bakal ngurilingan 
barang nu leuwih gede dina lintasan ellips.

Baktos,
WALUYA
(keur nginget-nginget basa kuliah baheula, geuning loba nu poho ieu teh 
....)







Kirim email ke