> Pamendak awal abdi (naon ari basa sundana hipotesis > ?), bentenna teh di "manusa"na. India langkung fokus > ka pangawangunan manusa tibatan ngandelkeun > pangwangunan pertumbuhan ekonomi. Mahatma Gandhi
Kang Lutfi, Moal salah Kang, unsur manusa anu paling boga peran. Sigana mah beda tujuanana oge. Mun batur mah pangwangunan ekonomi teh mangrupa jalan jang pangwangunan (ka)manusa(an). Sigana mah di urang, pangwangunan ekonomi teh dijadikeun tujuan wungkul, lain alat? Antukna, ekonomi rada maju. Tapi aya krisis saeutik ge geus tijurahroh. Kusabab pendukung kamajuan ekonomi na (manusa, rahayat biasa) teu milu maju? Ari sakuduna mah, kamajuan manusa na anu kudu dijadikeun tujuan, make pangwangunan ekonomi. Mun tatapakan ieu bener, sigana mah nu sejen ge nungtutan milu bener? Ka teh teuing ketah... da ieu mah saukur nanya ka diri sorangan! baktos, Rahman
