Enya urang Manado (Minahasa) lalakina resep ngoleksi awewe. Ieu 
kabiasaan heubeul ti samemeh asup Agama Kristen kadinya. Maklum 
kabisaan, sanajan agama ngalarang ge, tetep we aya nu ngalakukeun. 
Kuring poho istilah daerahna. Tapi rada ngaharib-harib ka gundik (nyai-
nyai).

Cenah, baheula di lembur kuring di Sumedang, aya urang Manado pagawe 
PU jaman walanda tukang mariksaan jalan raya Bandung-Cirebon. Tuan 
Benyamin aranna teh. Tuan Benyamin teh diimahna "ngukut" awewe tepi ka 
genep urangna. Awewena urang sunda meunang "mulungan" timana-mana. 
Imah Tuan Benyamin gedong (maksud teh imah tina tembok). Ayeuna jadi 
bale-desa di lembur kuring. Tuan Benyaminna nyalira maot aya nu nembak 
di daerah Indramayu keur jaman revolusi.

Baktos,
WALUYA
 
-- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aa Asep ni capetang ih... abi bogoh... hihihih...
> 
> nu sok nyandung mah cenah urang manado, nyaanna ge ieu teh ceuk 
babaturan
> kuring nu urang manado! hahah... Matakan, anu sok nyebut urang Sunda 
beuki
> kawin mah bisa disebut kurung batok... Dina mindengna oge, biasana 
mah lain
> kusabab beuki, tapi butuh...


Kirim email ke