--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 1. Urang Sunda CAN boga identitas nu KUAT? Teu kaharti kumaha
> ngukurna. Ari Pajajaran, Kawali jlte teu bisa diangap identitas 
Sunda
> kitu? Identitas anu teu kuat tea, kusabab Hindu Pajajaran eleh
> dikeprak ku Islam kitu?

Enya kuring oge kerung maca eta wartos. Beu ...euy, geuningan aya 
ahli antropologi ti Universitas nu make aran "Pajajaran", nganggap 
urang Sunda baheulana suku primitif!, budaya acan mampan pan bisa 
ditafsirkeun budayana masih primitif. Padahal, ceuk beja mah, 
Karajaan Sunda teh geus neken perjanjian jeung Protugis, keur nahan 
serbuan Demak ka Sunda Kalapa. Ngan kulantaran Protugisna paciweuh 
di Selat Malaka, Sunda Kalapa kaburu dirurug ku Demak, jadi Protugis 
teu bisa mantuan. Mana Protugis daek nyieun perjanjian oge, meureun 
karajaan sunda teh dianggap gede jeung kuat. Tom Pires, petualang 
Protugis oge pan nyebutkeun Sunda Kalapa teh rame ku aktivitas 
ekonomi/perdagangan.

Perkawis Islam jeung Sunda, enya urang Sunda teh ampir sadayana 
ngagem agama Islam. Tapi nyaeta Islam di Sunda, tetep we 
disaluyukeun jeung budaya Sunda. Contona, urang sunda resep 
tatabeuhan, pangpangna sora "beurat", teuing saha nyaluyukeun ka 
saha, nu jelas baheula mah takbiran malem lebaran ditabeuhan, malah 
kungsi maca beja, ditambahan ku diigelan. Aya kitu di Arab nu 
takbiran ditabeuhan jeung diigelan?

Dr Abdul Rozak, dina bukuna nu asalna desertasi anjeunna "Teologi 
Kebatinan Sunda, Kajian Antropologi Agama tentang Aliran Kebatinan 
Perjalanan", nyimpulkeun yen SABENERNA URANG SUNDA TEH 
BOGA "KECENDERUNGAN" KANA KABATINAN. Lengkepna? ....ah mangga we 
baca bukuna ku nyalira. Nu jelas aliran kabatinan di Jawa Barat oge 
loba, ampir sarua jeung di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Baktos,
WALUYA








 


 

Kirim email ke