Muhun Kang Asep...ari aya nunyanggem Islami teh, eta sok kudu diidentikeun wae jeung kabudayaan Arabna...nya abdi mah ngan sok bati keuheul we, da rek ngalawan teu bisa. Ngan pernah ketang abdi ge yerat nya nga-email ka TVRI, pedah aya program musik judulna teh Senandung Islami tapi rumpaka lagu sareng musikna ngan gaya Timur Tengah we...padahal kesenian urang oge boh tembangna, kawihna, atow kapesindenan mun dititenan mah rumpaka laguna teh meuweuh ku silib, nya petuah, nya papatah. Baktos.. Atung
--- Aasep Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah abdi ge teu apal ari seni Islami teh nu kumaha. > band kepret sareng tagonian kitu? Da kumaha atuh > langkung resep keneh seni sunda jaipongan, kuda > renggong, jrrd ;). Keun we lah disebut teu 'islami' > oge nu penting mah nyunda jeung teu gaduh negative > intention we :). Da saha deui anu ngamumule budaya > jeung seni urang salain urang sorangan. > > Salam, > Asep > > > ----- Original Message ----- > From: Rahman > To: [email protected] > Sent: Tuesday, December 12, 2006 4:19 PM > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fw: Seni Tradisi > Kurang Dikenal > > > Kang, > > Ieu meureun salahsahiji bukti tulisan Teh Nina yen > budaya urang teh > TEU kuat tea? he he he. Pan geuning cenah aya seni > Islami (terus > terang kuring mah teu nyaho... kumaha2 na!). > Sigana mah leuwih terkenal? > > Ah, nanya malulu ieu teh. > > baktos, > > Rahman > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________ Yahoo! Singapore Answers Real people. Real questions. Real answers. Share what you know at http://answers.yahoo.com.sg
