> > Ari ceuk pamikir kuring mah, sakumaha anu kungsi bulak-balik diobrolkeun, > urang kudu yakin kana benerna naon anu jadi pilihan urang. Kuring yakin > ajen2 Islam teh bener, nya pon kitu oge si X, misalna, anu yakin kana > Kristen anu diagemna. Teu aya masalah. Jadi naon atuh anu > diributkeun/dipaseakeun teh? >
Kang, Tah kitu. Mun KABEH geus bisa mikir siga kieu... moal aya anu pasea alatan ageman. Hanjakal... masih keneh loba manusa anu ngajejeleh ageman batur, bari teu ngarti kana esensi boh ageman sorangan boh ageman batur. Da mun diteengetan mah, EUWEUH ageman anu ngajar TEU EUCREUG. Kabeh ge nuyun jeung nungtun umat na kana jalan anu alus. ANu beda teh JALAN jeung KANDARAAN na wungkul. Pan mun rek naek haji ge: bisa make kapal cai, kapal udara, rek make sapedah ge bisa nepi ...mun daek mah. Tujuan na hiji, cara na sangkan nepi ka eta tujuan beda2. Ieu ge... berlaku keur intern hiji agama. Makana, kuring mah ngarasa sedih... Ahmadiyah make dibeberik, komo make rek dipaehan sagala kusabab sesat cenah? :(( Ari ceuk kuring mah... nya keun bae, urang Ahmadiyah percaya kitu? Ah teu ganggu ieuh asana teh. Mudah2an ieu kasadaran aya na perBEDAan: kahayang, pipikiran, cara hirup, referensi di masyarakat urang tiap poe makin nambahan. Leuwih hade enerji nu aya dipake mikiran hal2 anu aya gunana jang kamaslahatan bangsa jeung umat manusa. baktos, Rahman
