> > Oh kitu? ..... kuring mah ngan saukur meunang beja > saliwat. Paingan > atuh nya Syech Siti Jenar dihukum pati ku para Wali, > da bisi > ajaranana teu "kataekan" ku jalma biasa. > > Nu kuring henteu ngarti, upama macaan sajarah Islam, > nu disebut > kabudayaan Islam majeng teh, di tempatna kaum sufi > ieu. Moal boa > kulantaran sufi teh aya hubunganana jeung olah > otak/pikiran nu > leuwih bebas? beda jeung kaum puritan, nu boga > prinsip lamun geus > kitu teh, keukeuh we kudu kitu, teu meunang > dipikiran deui. > Sakaterang abdi para wali teh sanes Salaf/Wahabi. Di Indonesia dimimitian ku lahirna Muhammadiyah. Leres yen ulama salaf/wahabi puritan, tapi di hal2 nu kaitanna sareng ritual ibadah (kusabab nyokot jalan nu aman, teu wani nyonto nu salian nu dipilampah ku nabi), salian ti eta dibebaskeun olah pikir. Upami urang neuleuman langkung jero, moal mendakan doktrin2 khawarij (ngahukum pati, bom bunuh diri, jihad buta, ...). Definisi umat islam teh dulur, nyaeta saukur nepi ka jalma nu ngucapkeun syahadat. Nu sejenna urusan si jalma jeung Allah.
Wassalam Lutfi __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
