Kang RH sareng Bah Willy, Beuuu... heuheuheu.... hareeee genee masih keneh nguruskeun saha nu sesat, ngaplingkeun surga jeung naraka? Tuntung-2 nepika busiat ngocoblax nganggap batur teh asup ka naraka padahal? Saha anu ayeuna keur di "naraka"?
Upami urang ngemutkeun kaayaan nagara urang anu acak kadut siga kieu kedahna mah samemeh maranehna eta nyarios sesat, surga atawa naraka... kedahna mah ngeunteung ka kaayaan nagara sorangan... ulah-2 jojorowokan batur sesat teh ulah-2 urang nu sesat sorangan.... jojorowokan batur asup naraka teh ulah-2 urang anu asup ka naraka ... heuheuheu... sok hayang seuri ngabandungan siga kitu teh... batur mah geus rek invasi ka planet lain eeeeh ieu mah masih nguruskeun naraka sesat-2an hehehe. Kedah diemutkeun oge kaayaaan nagara urang siga kieu... income per capita rata-2 jalmi urang anu ngan saempret, ninggali di kompas wae saurna aya anu ngadahar keneh beas aking, kamiskinan jeung potensi kamiskinan oge gede keneh, palayanan masyarakat boh kasehatan, education, jrrd teh ditilik ku anu kantos ka nagara maju mah jauh pisan ... upami dihayat-2i mah boa-2 urang teh ayeuna keur dinaraka? Keur di gojlog ku Gusti Nu Maha Suci da bongan ceunah maraneh teh baragajul kitu... loba anu hipokrit jrrd. Nya ku Gusti teh dipasihan weh mamala boh bencana oge panyakit. Aya-2 wae kalakuan jalma teh... teu openminded pisan :(. Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Monday, December 18, 2006 3:25 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Gerentesna Gunawan Muhammad : "Abangan" Kang, Kuring masih keneh bingung mikiranana. Kunaon sok loba jelema boga sikep kitu (maksuda teh angkuh tea!). Naon anu jadi sababmusababa na nepi ka jelema bisa boga laku siga kitu nya? Na TEU diajar hirup BASAJAN kitu? Pan ceuk budaya oge ceuk agama, manusa teh KUDU hirup basajan lin? Cik... aya u treang kumaha jujutanana? RH --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], "Rahman" <rsyaifoel@> wrote: > > Loba jelema begedog, angkuh, sombong ngarasa maneh pangjagona jeung > > pangdeukeutna jeung PAngeran. Malah mah geus ngarasa boga kavling > > di sawarga. Nganggap nu sejen geus dikavlingkeun di naraka. > > Tah perkara ieu, tadi isuk-isuk (Waktu Indonesia Kulon) kuring maca > saliwatan koran Tribun Jabar soal ayana pagesek, suasana panas dina > Diklat (pendidikan & Latihan) soal Islam. Nu ceramah, sigana hohoak, > nyebut kolompok sanes sesat. Tah kabeneran nu disebut "sesat" teh > ngiluan Diklat. atuh papada "walk out". > > Enjingna, kulantaran gaduh massa ageung, nu disebut "sesat" teh > ngabereyek ka tempat diklat, hiji masjid di Bandung. Untungna pulisi > kabujeng dongkap, dijagaan tepi ka anggeusna diklat eta. > > Coba, lamun teu aya pulisi ..... > > Baktos, > WALUYA > [Non-text portions of this message have been removed]
