> 
> Aya deui, nu heureuy nyindiran kanu lulus sakola luhur
> tapi ari praktek can bisa....wah euy eta mah aliran
> Isrofil...naha?  heueuh teori nyaho praktek
> acan...ditugaskeun niup sangkakala tanda kiamat
> tibabaheula...kiamatna acan keneh..he..he..he.
> 

Nuhun Kang Ed,

He he he... nepi ka kitu na heuheureuyan teh geuning. Tapi...Ari
dipikir2 mah, taya bedana geuning sistem2 kapercayaan anu aya di
kolong langit teh. Anu beda teh ngan istilah na wungkul.

Urang Kristen percaya Isa jadu juru selamat anu bakal turun deui ka
ieu dunya. Golongan Syiah... percaya Imam Mahdi juru selamat anu bakal
turun deui ka dunya, di urang loba nu percaya kana Ratu Adil juru
selamat anu bakal turun deui ka dunya... Sok, burudulkeun tina
kapercayaan nu sejen. Bet sarua geuning? Intina mah siga na teh eta2
keneh! ;))

Oge kapercayaan urang kana tugas malaikat. Sigana teu beda jeung
dewa-dewi Yunani atawa Hindu. Pan loba dewa anu tugasna spesialis. Aya
dewa gyludug, dewa tukang leketek, dewa gagaro he he he. Ngan bedana
di urang mah disebut malaikat... lain dewa.

Puguh, asa karunya ku nabi Isa teh. Keur mah Yahudi (anu sok dijejeleh
tea ku bangsa urang geuning), terus disalib, maot... hirup deui, naek
ka langit (ayeuna keur nungguan di mana nya? Muda2an ruang tunggu na
genaheun!), engke rek dititah turun deui, jadi totonden BAKAL kiamat?
Ripuh geuning nasib na teh ieu Sang Nabi? Watir oge kuring mah....

Ah, tamba gagaro teu puguh we ieu mah he he he...

baktos,

Rahman

Kirim email ke