> Puguh, asa karunya ku nabi Isa teh. Keur mah Yahudi (anu sok dijejeleh
> tea ku bangsa urang geuning), terus disalib, maot... hirup deui, naek
> ka langit (ayeuna keur nungguan di mana nya? Muda2an ruang tunggu na
> genaheun!), engke rek dititah turun deui, jadi totonden BAKAL kiamat?
> Ripuh geuning nasib na teh ieu Sang Nabi? Watir oge kuring mah....
> 

Rek nyalahkeun batur.... siga Kang Wly he he he. Kulantaran dimimitian
ku Kang Eddy, rek neruskeun ngacoblak deui yeuh.

Anu paling tragis dina urusan nasib nabi Isa mah. TEU puguh saha
bapana! Pan disebut na ge Isa bin (ben... dina basa Ibrani na mah!)
Maryam. Bet ngala ka indung! 

Malah mah aya oge anu nyebut Pangeran teh Bapana nabi Isa. Tapi
ditolak geuning... Ceuk cenah, Pangeran teh apan nolak BOGA budak dina
surat Al Ihlas. Na saha atuh bapana nya? 

Aya jalan kaluar, make teknologi moderen ayeuna. Make tekini genetika
atuh! Kumaha mun gen nabi Isa dibandingkeun jeung gen Pangeran? Mun
enya teu sarua... pan kanyahoan tah lain bapana he he he.... Terus,
tinggal neangan gen sejen na anu sarua. Pasti bapana kapanggih lah!:))

baktos,

Rahman

Kirim email ke