> Kolompok HTI ngajawab 100% satuju. Ditanya deui patarosan nu sejenna, 100% > deui wae, sarua jawabanana teh sarwa saragam. Beda jeung kolompok nu anti
Kang Wly, Kuring ge mani olohok maca ieu artikel. Mun lalaki anu boga kitu peta... nya kaharti, da NGABELAAN hak jeung KAWAJIBAN he he he. Tapi ieu mah geuning awewe! Tapi, anu jelas mah. Lalaki anu bisa nyiptakeun sikep awewe siga kieu HEBAT pisan ceuk kuring mah. Kumaha metodeu na nya? Asa hayang nurutan tah. Rek nyieun pamajikan kuring sina jadi robot. Daek diutah etah, moal meunang boga kahayang jeung pamanggih. Ngan... asa camplang meureun? Moal aya diskusi perkara naon bae oge. Pan robot mah diprogram SUMUHUN DAWUH? Moal jadi ah... ;)) baktos, Rahman
