Kuring boga buku karangan Ayip Rosyidi, "Ngalanglang Kasusatraan Sunda". Salah sahiji nu dilanglang kasusatraan Sunda di jaman Walanda, di taun 1920'an. Nu disorot ku Ayip Rosyidi (AR), salian buku sastra karangan pangarang "resmi" nu dimedalkeun ku Bale Pustaka, tapi oge buku-buku Sastra Sunda nu dimedalkeun ku penerbit swasta. Pa AR nyebat pangarang ieu pangarang "liar". Para pangarang nu diluar Bale Pustaka ieu, ngarangna leuwih nyaritakeun kaayaan sosial jaman harita (1920'an). Lolobana protes sosial. Ceuk Pa AR, nu matak hemeng, pangarang jaman harita, loba neumbleuhkeun kasalahan teh ....ka Haji, tapi lamun teu ka Haji nya ka urang Arab. Tokoh Haji dina sastra sunda ti pangarang diluar Bale Pustaka ....euweuh nu simpatik. Tapi anehna Urang Walanda digambarkeun bageur jeung hade hate. Padahal pangarang2 ieu sabenerna mah jalma-jalma nu teu dipikaresep ku pamarentah Kolonial, saperti Ahmad Basyah nu katelahna Yuhana. Yuhana sabenerna jadi pangarang kulantaran dipecat ti Jawatan Kareta Api, kulantaran sababaraha kali ngilu mogok. Pa AR nyarankeun aya panalungtikan sosiologis soal kunaoan para pangarang teh bet neumbleuhkeun kasalahan ka ...para Haji?
Kanggo ilustrasi, cutatan dihandap ieu, tina "Carios Agan Permas", kenging Yuhana (1928). Tokoh Haji rekaan Yuhana diaranan Haji Serbanna. Ceuk Pak AR, didieu oge geus katingali Yuhana teh ngece, sabab Haji Serbanna ....hartina Haji ngan di sorbanna wungkul. Haji Serbanna teh pamajikanna opat, Pa Haji teh tukang nginjeum-nginjeumkeun duit, tapi embung disebutkeun ngarentenkeun. Bapa Imba teh panyawahna nu rek nginjeum duit. Mangga nyanggakeun kumaha pangarang di taun 1920'an "nyeungseurikeun" ka jalma nu sok ngamaenkeun "hukum sara/ syariat" keur kapentingan pribadina : --------------------- Kacaritakeun Bapa Imba geus datang ka bojona nu pangkolotna tapi keur di nu nomer dua, jol ka nomer dua, keur di nomer tilu; jol ka nu nomer tilu, keur di nomer opat. Barang datang ka nu nomer opat, Bapa Imba tuluy pupuntenan. "Uhu, puuuunten." . "Sada nu punten," ceuk Haji Serbanna ka bojona. "Cing tenjo saha?" "Ti mana?"ceuk bojona. "Sumuhun abdi ti Kiaracondong." "Dagoan kituh rek lohor heula! Barang bawa?" ceuk Haji Serbanna. "Manggul sumbul geuning." ceuk bojona. "Keun atuh, kodo bae lohor mah." Ceuk Haji Serbanna. Tuluy manehna kaluar, sarta ngajingjing tasbe panjang naker, bari kecewas-kecewis. "Aeh, geuning Bapa Imba, aya naon sisinarieun?" "leu abdi teh gaduh hui, sampeu sareng lalab, hoyong katuang ku Juragan." "Euleuh-euleuh, sing ieu manehna." Ceuk Haji Serbanna ka bojona. "Guar ieu babawaan Bapa Imba!" "Teu mawa nilem?" "Teu kabujeng ngala, manawi ka payun mah bade diperlukeun.",ceuk Bapa Imba. "Kajaba ti palay katuang, aya perlu naon deui Bapa Imba teh?" "Sumuhun etaeun, abdi teh, ehem, aya perlu." "Perlu naon? Pok bae ka dinya!" "Nyambut sawah abdi teh satengah bau, namung teu acan gaduh keur ongkosna, manawi luntur galih, bade nambut dua puluh perak, sabada nyawah bade diwangsulkeun deui, ditambah ku rentenna sapuluh perak." "A'uzubillah." Ccuk Haji Serbanna. "Harram! Harraam! Naha teu nyaho silaing yen ngalebok renten teh haram?" Bapa Imba silana beuki mendeko bae, kesangna nyakclakan, da sieun teu dibere nganjuk, pok ngomong kieu: "Sa ... sa . . . sadaya-daya bae, abdi teh teu terang kaulanun." "Cing, cing neangan kecap sejen, lian ti renten!" Ceuk Haji Serbanna." "Sadaya-daya teu tiasa." Ceuk Bapa Imba. "Pok turutkeun ieu kecap kaula! Abdi teh bade nyuhunkeun ditulung artos kituh." "Abdi bade nyuhunkeun ditulung artos," Ceuk Bapa Imba. "Seueurna dua puluh perak." "Seueurna dua puluh perak." 'Sabada nyawah diwangsulkeun deui, jadi tilu puluh." "Sabada nyawah diwangsulkeun deui, jadi tilu puluh." "Nu sapuluh perak, pamulang tarima lantaran ditulung keur di jero kasusahan." "Nu sapuluh perak, pamulang tarima lantaran ditulung keur di jero kasusahan." "Tah, kitu mah sah," Ceuk Haji Serbanna. "Lain renten, tapi pamulang tarima, lantaran ditulung dina keur kasusahan." "Leres, sareng iklas pisan," Ceuk Bapa Imba. "Tapi kumaha lamun Bapa Imba teu bisa mulangkeun duit nu dua puluh tea?" "Rorompok bae tandonna," Ceuk Bapa Imba. "Tah, tah, geus salah pok deui bae ieuh: kieu meureun pipokeun teh: Upama Bapa teu bisa mulangkeun duit nu dua puluh, eta imah baris dijual ka kula kana duit dua puluh perak, nu geus dipake ku Bapa tea, kalawan suka sorangan, kitu?" "Taaah, sok deui ari kitu mah," Ceuk Haji Serbanna. 'Heh, ieu duitna tarima." Tina Carios Agan Permas (1928)
