--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ieu warta ti Arab News. Noor Aysha Bukhari (18 taun) dikawin Arab
kolot di 
> Indonesia, terus dibawa ka Arab Saudi. Di Arab,  ti beurang manehna
kudu 
> jadi babu dua pamajikan si Arab ieu jeung genep anakna,  ti peuting
kudu 
> ngalayanan nafsu  salakina. Noor akhirna lumpat ka KBRI menta tulung
......
> 
> Pamajikan, babu .....atawa 'budak belian" ?
> 

Kang Wly,

Alah geus kabuktina deui wae... bangsa urang katalangsara di Arab.
Makana, kuring harita ambek barang maca aya nu nyalahkeun KORBAN
perkosaan tea. Majar teh, diperkosa kulantaran awewena arateul!
Gelo!!! Ari korban mah keukeuh we korban. Ari ieu bet disalahkeun?

Sababaraha waktu ka tukang, kuring ge maca warta. Aya awewe RI nu
digawe di urang Arab, dibawa ka Amrik. Nya kitu deuih... dikekesek.
Malah mah eta jelema Arabna (intelektual deuih, bejana mah), geus
ditibanan hukum di AMrik.

baktos,

Rahman

Kirim email ke