Kang Wly,

Kaya kitu mah, manajemen ieu nagara teh teu kompak atuh. Paingan teu
baleg urusanana. Sakuduna mah... urusan beleid siga kitu
dipadungdengkeun intern heula. Ari ieu kalah bacecer di luar geuning?

Lain Kang. Naha euweuh dahareun laternatif lian ti beas kitu? Ceuk
kuring mah aya hade na mun sistem barang dahar di urang tong monoton
teuing. Ngan beas jeung beas deui bae.

Sakadar conto. Kalolobaan urang NL sok dahar kentang kulub, make
lalawuh nu sejen. Tapi kadaharan utama NL ayeuna geus loba pisan
variasi na. Geus puguh roti mah, da eta kadaharan asli na samemeh
kentang asup ka Eropa. Tapi dahareun sabangsaning pasta, emih,
kakacangan jlte ge loba, sarta dipake ganti kadaharan poko kentang.

Menu dahareun bangsa urang, aya alusna direkayasa. Sina loba variasi!
Tapi, memang hese ngarobahna sigana teh. 

Basa ka lembur, kuring jeung pamajikan masak masakan Itali. Sarerea
milu dahar. Adi kuring nu panggembulna dahar mani ngalimed. Tapi...
setengah jam sanggeus dahar... kokotetengan neangan SANGU. Asa can
dahar cenah! Lieurrr! ;))

baktos,

Rahman


--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> > Berebut Nasi Aking
> > Warga Tak Mampu Beli Beras
> 
> Sababarha bulan katukang, lamun teu salah mah aya polemik antara
Menteri 
> Pertanian (ieu mentri ti PKS) jeung Menteri Perdagangan (Ekonom/ 
> intelektual). Mendag hayang ngimpor beas, Mentan embung, da cenah
cukup. 
> Ngan duka kumaha tungtungna, da kuring rada males macana, teu lucu
atuda, 
> aya mentri hog-hag jeung mentri deui,  ka expose ka publik, padahal 
> dua-duana diangkat ku Presiden nu sarua.  Boa-boa ....gara-gara
"hog-hag" 
> ieu, stock beas jadi kurang .......
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke