>From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > Kamari ngimpi deui euy. Kuring diangkat jadi manajer haji. Tah... > manajemen kuring mah boga sistem kilir (lain kilir pedah boga > pamajikan leuiwh ti hiji alias nyandung tea! he he he). Tapi kilir > dina manajemen kuring mah saperti make sistem kuota. Sataun meunang ka > haji, sataun deui duit anu asup diinvestasikeun di jero nagara.
Dasar anu "ngimpi" ...hehehehe. Duka kumaha eta teh, nepi ka jamaah haji kalaparan kitu. Ceuk Gus Dur mah, kunaon ari Maftuh (Menteri Agama) daek dibohongan ku urang Arab? padahal Pa Menag teh kungsi lila cicing di Arab, kuduna mah ngarti pisan kana sifat-sifat urang Arab. Atawa pura-pura teu ngarti kitu? Karunya kanu munggah Haji, jadi katalangsara. Inget ka tatangga, hareupeun imah pisan, mana teuing susahna, mangkaning yuswana geus sepuh (70 taun langkung). Basa rek angkat teh, anjeunna jeung istrina datang ka imah, menta dihampura tina sagala kasalahan, cenah. Atuh kuring jeung pamajikan teh jadi kalamas-kelemes, da kuduna mah kuring nu datang ka anjeunna, ngan nyaeta "si Embah" teh (aranjeunna urang Jawa) miheulaan datang ka imah. Mudah-mudahan we "Si Embah" jeung istrina tetep jajag waringkas, bisa mulang deui ka lembur .... Baktos, WALUYA
