--- In [email protected], Aasep Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nagara sosialist gajina diatur nagara geus ditakar? > Di nagara kapitalis saha wae gaduh kasempetan keur bisa tadjir da tergantung kadaek jeung kahayang :). No pain - no gain.
Kang, Sigana aya alusna mun RI disosialis atawa dikomuniskeun. Moal aya tukang dagang asong, moal aya wawarungan, moal aya tukang cendol, moal aya tukang tahu, moal aya gorobag dorong, moal aya tukang beca, moal aya... naon deui nya... da kabeh TEU meunang he he he. Ieu mah ceuk komunismeu jeung sosialismeu gaya heubeul, teuing kumaha ceuk nu gaya anyar mah. Dadagangan mah apana sistem PASAR alias kapitalis tea lin? Meureun tenang oge kaayaan bangsa urang. Kabeh rahayat dibayuan ku nagara (genah oge!). Pasar moal jorok meureun, da diatur ku nagara lin? he he he. ANu karunya mah ka Bi Cicih tukang lotek... dilarang jual lotaek! Teu meunang ku nagara! Padahal Bi Cicih mah jujualan teh lain ku butuh2 teuing... bating ku resep ngaladenan batur, cenah. Kumaha tah? ;)) baktos, Rahman
