Wilujeng tepang kang rahman sareng anu sanesna.

Wasta abdi rusli ari ayeuna ngumbara di Balikpapan , can lami didieu 
teh ti taun 1995. harita lulus sma teh hayoh neangan kuliah teh nu 
garatis nya lebetna ka STAN , saba`da rengse cleng teh ditugaskeun 
ka Balikpapan. nya kantor dioper ka bontang ayeuna di balikpapan 
deui.

Ari damel mah jadi abdi nagara. saur kolot janten pagawe negeri mah 
sanajan alit gajina tapi mayeng ! ya alhamdulillah di syukuran  
dijalanan. 
ari kawit ti Bogor mung di kabupaten , nyaeta ti jonggol. upami ti 
jakrta bade ka Bandung nganggo jalan alternatif ngalangkungan lembur 
abdi nu brasna ka cikalong -  ciranjang.

Upami Istri nembe hiji. budak hiji. kantos ngelebetkeun poto ka 
kolom ieu. upami Ka Kang asep Sunandar Sunarya upami dipercanten mah 
masih Baraya. (ti Nabi Adam he..he...)

Sok atuh dulur-dulur urang tukeur pangalaman jeng carita  
dipungumbaraan teh . sangkan nambihan wawasan. ulah seurius teuing 
ah ngobriolna komo kana politik sok matak lieur ...! daq boroning 
mikiran nagara nu sakitu gedena dalah mikiran nagara leutik nyaeta 
kulawarga ge matak lieur. 



Kirim email ke