Patrem
Diserat ku Hérmawan Aksan
Di-online-keun ping 04 Jan 2006
 
 
BOGOH pisan kuring téh ka manéhna. Nu matak, manéhna kudu perlaya 
poé ieu pisan. Euweuh deui jalan séjén. 

Patrem geus kudu lugay, sanggeus welasan taun cirekem minangka 
pusaka di jero kotak kai kibeusi nu digembok tur disimpen di juru 
gudang. Bangga kacida mukana gé lantaran gembokna geus tihiangan, 
turta lantaran inget kénéh geus diwanti-wanti ku indung, yén kotak 
pusaka téh teu meunang dibuka deui. Teuing ku naon. 

Bisa jadi, kuring téh lain Diah Pitaloka, atawa awéwé-awéwé séjén 
sabada jaman anjeunna, anu ngagunakeun patrem ngan pikeun maténi 
diri sorangan. Tapi atuh kuring gé teu pati salah mun mesat patrem 
pikeun ngabéla diri-mélaan imah-jeung saterusna nyobaan deui 
ngawangun kabagjaan di imah sorangan. 

Méh saban waktu, unggal hudang saré, saban ambekan, anu karasa 
beurat lir keur munggah pasir, kuring teu weléh nancebkeun kalimah 
pondok jeroning sirah, jeroeun buuk kuring nu geus mimiti dipulas ku 
gurat bodas: go to hell with him! 

Samalah mah kuring geus nyekel sumpah: moal rék ngegentraan deui 
manéhna! 

Ngan, nya éta, méh unggal waktu ogé, kuring mungkir tina sumpah 
sorangan. Unggal isuk, sakapeung mah méméh bener-bener éling tina 
alam ngimpi, geus ceg wé kana ponsél, cetrék dihurungkeun, tuluy 
cetét-cetét mencétan tombolna, nyieun kalimah anu geus teu kudu 
dipikir deui: Hei, abdi sono, kumaha di dinya? 

Tuluy dikirimkeun kana nomer 08156080066, nomer manéhna. 

Dina jero itungan kurang ti sapuluh detik, ponsél bakal ngageter-
ngahaja teu disadakeun. Bakal katarima jawabanana anu angger matak 
ratug dada: "Abdi gé sono pisan. Iraha atuh pendak deui?" 

Mun teu kitu, moal poho nga-miss call manéhna, geus pada-pada 
ngarti, sakadar ngabéjaan yén kuring sono ka manéhna. Teu leuwih ti 
tilu detik gé, ponsél bakal ngageter sakali, miss call ti manéhna. 
Sakapeung mah manéhna kapancing, ngucapkeun sababaraha kecap. Sora 
baritonna angger ngélékéték haté: Nuju naon? Ka mana Akang? 

Ah, kuduna mah ngaran manéhna geus dipupus tina phone book ponsél 
kuring, jeung tina haté kuring, ngarah kuring teu bisa deui ngiberan 
manéhna. Tapi, apan apal pisan kana nomer manéhna. Hiji-hijina nomer 
ponsél nu kuring apal! 

Atawa, kuduna manéhna ganti nomer, kitu deui kuring, sangkan kuring 
enya-enya teu bisa kontak jeung manéhna, tur manéhna teu bisa 
ngontak kuring. 

"Tapi apan abdi tiasa kénéh ngahubungan nomer kantor, atanapi bumi 
Teteh," ceuk manéhna, bari imut. Kuring ngan ukur unggeuk-unggeukan. 
Meureun jiga pisan manuk. 

Yank, kuring enya-enya bogoh, moal mungkir, bisa jadi rasa nu kakara 
kaalaman sapanjang ampir 38 taun hirup. Ku sabab éta, euweuh deui 
jalan, di dinya kudu leungit ti ieu dunya, sangkan kuring teu 
katutuluyan kasiksa tur teu walakaya ku geter tina sorot panon di 
dinya nu badis heulang rék ngarontok. 

Patrem asa ngageter dina leungeun. Pucukna enya geus tihiangan, tapi 
kuring yakin masih kénéh seukeut pikeun sakadar nanceb tepi ka 
peujit. 

"Téh, papagkeun ku abdi nya?" 

"Alim, ah." 

"Di jalan ageung téa, please, sakali ieu waé. Apan pami Saptu Akang 
libur. Apan urang saarah. Tabuh dua abdi tos aya di payuneun kantor 
Tétéh. Pilemna saé. Urang lalajo nu tabuh tilu, nya?" 

Kuring teu waka ngajawab, mikir heula sajongjongan naon alesan 
pikeun balik leuir ti biasana. 

"Please?" 

"Oké." 

Klik. 

Enya, soré ieu pisan kudu jadi panggih panungtung. Asa geus capé 
pisan ngararasakeun geter cinta anu beuki lila beuki kawas candu nu 
pimabokeun, cinta anu ngawang-ngawang teu kahontal, kawas ngajul 
béntang ku asiwung. 

Di tempat anu poék, mun pilem geus diputer, mun kuring jeung manéhna 
keur diuk padeudeukeut di juru, patrem baris mesat, tuluy bles, 
nanceb meneran hulu haténa. Kuring yakin moal aya nu nyahoeun. Nu 
lalajo mah tangtu anteng neuteup layar bioskop bari silih keukeup 
jeung pasanganana séwang-séwang. 

Jeung deui, euweuh nu bakal leungiteun manéhna. Apan ngakuna gé 
masih sorangan kénéh. Masih resep lalagasan, pokna téh. 

Yank, di dinya memang datang dina waktu anu teu merenah-atawa ketang 
malah merenah pisan-basa kahirupan di imah kuring geus ampir kawas 
ruhak dina jero huut. Basa kuring ibarat keur leumpang nahnay di 
sagara keusik. Basa kuring keur hanaang hayang sakeclak ciibun. 

Sakapeung mah sok kaduhung kungsi datang ka reuni tilu angkatan SMA, 
sababaraha bulan nu geus kaliwat. 

"Téh Riri?" 

Kuring ngalieuk. Amprok jeung teuteup nu nutug jajantung. Asa 
nyérédét haté. Beungeut karasa haneut. Meureun jajantung beuki tarik 
ngompaan getih dina awak. Anéh, iraha nya panggih jeung panon nu 
jiga kitu? Nu matak ngageter jajantung? "Téh, abdi téh salasahiji 
penggemar Tétéh waktos abdi kelas hiji. Tangtos teu wantun da Tétéh 
mah tos kelas tilu. Euleuh, tos ampir dua puluh taun, nya, Téh? Emut 
kénéh upami Tétéh sumping. Abdi osok ngantosan di handapeun tangkal 
balingbing caket gapura sakola, mung hayang ningal pameunteu Tétéh. 
Ningal Tétéh ngalangkung payuneun, ngaléngkah lalaunan ka kelas 
Tétéh di tungtung." 

Can kénéh sadar tina sihir panon manehna. 

"Téh, sok kaduhung ku naon bet lahir téh saparantosna Tétéh." 

Nyéh seuri. Tanpa sora. 

"Ayeuna, saparantos welasan taun, kaduhung pisan bet Tétéh lahirna 
langkung ti payun." 

Seuri deui. Ayeuna mah geus aya soraan, sanajan karasa kararagok 
kénéh. 

"Téh…"

"Mmm." 

"Urang pendak di IP, enjing. Kersa teu?" 

Teu. Kuduna mah. 

"Mangga." 

Eta panon téh, leuh, bet tuluy wé nutugan dada. Kuring teu walakaya. 
Komo mun ramona geus ngusapan ramo kuring. 

Kuring ngusapan ramo nu masih kénéh ngageter nyenyekel patrem. Ramo 
anu kuduna mah teu meunang dirameus ku leungeun manéhna, atawa 
leungeun lalaki saha baé. 

"Tétéh masih kénéh sapertos kapungkur. Yuswa téh 38 atanapi 21?" 

Nyéh imut. Geus kaleuleuwihi. 

Enya, geus waktuna nganggeuskeun sagala rahulanana. Euweuh deui 
jalan lian ti maténi manéhna. 

Sup we patrem ka jero tas. Bari nyisiran buuk jeung neuteup panon nu 
pikasebeleun, katénjo dina kaca, beuteung burayut nu angger kénéh 
ngagolétak dina kasur jiga orok buta. Kérékna masih kénéh asa 
ngajejewét ceuli. Sakapeung mah sok nanya ka diri sorangan, ku naon 
nya bet kuring bisa kuat ngalakonan hirup bareng jeung manéhna 
welasan taun. Demi anak kuring hiji-hijina? Demi kasucian hirup 
rumah tangga? 

Kadangkala kuring kawas nu katerap amnésia mun nyobaan nginget-
nginget naon alesan kuring, welasan taun ka tukang, narima manéhna 
jadi salaki. Manéhna sama sakali lain tipeu lalaki nu sok aya dina 
ciptaan kuring. Jangkungna teu leuwih ti kuring. Awakna lintuh, jauh 
tina atlétis. 

Inget téh kekecapan Apa anu ngan sapotong-sapotong. 

"Ri, Apa mah yakin manéhna bageur. Kolotna kenal hadé jeung Apa. 
Manéhna sarjana ékonomi. Geus gawé di pausahaan gedé." 

"Tapi da teu bogoh…"

"Ah, ulah waka ngomong sual bogoh." 

Teu lila sabada wisuda, kuring ngaréndéng jeung manéhna. Enya 
manéhna téh lalaki nu maliré pisan, paling copélna dina jero sataun-
dua taun rumah tangga. Kitu deui sanggeus Adit lahir-ku operasi. 

Ngan teuing iraha mimitina, kuring jeung manéhna asa beuki pajauh. 
Bisa jadi sanggeus kuring maksa sangkan manéhna rido lamun kuring 
digawé. "Apan lebar ijasahna," ceuk kuring harita. 

Katambah deui sanggeus karirna beuki naék. Beuki remen dipercaya 
ngajalankeun tugas ka luar kota. 

Asa anéh, kuring jeung manéhna kawas atlit anu keur lomba paheula-
heula. Mun panggih di mah gé, satuluyna mah ngomong ukur sakecap dua 
kecap. Saperluna pisan. 

"Mah, Adit angkat nya!" 

"Jug, sayang." 

Adit, tepi ka kelas tilu SMP ayeuna, teu weléh bisa ngaraketkeun 
haté kuring jeung salaki, pikeun ngawangun hubungan anu leuwih 
geugeut. Beuki lila kuring bet asa keur leumpang di sagara keusik 
anu euweuh tungtungna. Tikoro garing. Hanaang. Tepi ka manéhna 
datang nawarkeun keclak-keclak duriat. 

Ah, enya kitu éta téh nu disebut cinta? 

Adit nyampeurkeun, ngok nyium leungeun kuring, ngok deui kana pipi, 
kénca katuhu, tuluy berebet bari ngagupay. 

Beungeut ngadadak panas. Ieu pipi singhoréng geus dicium ku lalaki 
anu sabenerna lain hakna. 

Sret muka résléting tas, ngarah yakin, yén patrem téh geus aya di 
dinya. 

"Bi, punten nya pangnyarioskeun, abdi wangsul rada telat. Aya bos 
besar datang ti kantor pusat," ceuk kuring ka Si Bibi. 

***

"ABDI tos aya di handapeun tangkal mahoni, di peuntaseun jalan. 
Sabaraha menit deui?" pokna tina ponsél. Sora baritonna, duh, angger 
kénéh matak ngélékéték haté. "Ieu tos bade kaluar." 

Ah… ti kajauhan gé imutna geus mimiti matak asa-asa. 

Moal! Kuring moal asa-asa! Kuring kudu ngaleungitkeun imutna soré 
ieu pisan! 

Mobil diparkir di basement. 

Kuring duaan naék ka lanté lima. Dina lift, ramona ngarameus ramo 
kuring. Angger kuring teu walakaya pikeun ngépéskeun. Kalah ka males 
ngarameus. Angger silih rameus, langsung ka lokét. Manéhna nunjuk 
nomer korsi pangjuruna. 

Asup téh pilem geus diputer. 

Dina korsi juru, ngan remeng-remeng cahaya tina layar, leungeunna 
ngaléng kana cangkéng. Kuring ngan bisa cicing. Ambekanana karasa 
deukeut. Malah mah guludug dadana-atawa dada kuring kitu?-karasa 
nabeuhan ceuli. 

Dada beuki ngageter basa layar ngadadak poék kahalangan. Aya nu 
baseuh tur haneut karasa kana irung. Tuluy kana biwir. 

Basa leungeunna ngarampa tonggong, leungeun kuring narik résléting, 
nyulusup ka jero tas. Rumpu-rampa sakeudeung, karasa tungtung 
seukeutna. Ceg gagangna. Tapi leungeun bet ngadadak kaku. Haté 
ngadégdég. 

"Téh…"

Kuring ngadagoan. Gagang patrem geus dikeupeul sakuatna, sanajan 
ramo angger ngageter. 

Angger ngadagoan kalimah ti manéhna. Tapi jempling. Ngan sora 
ambekanana karasa deukeut pisan. Sakali deui layar bioskop poék. Aya 
nu empuk, baseuh tur haneut ngusapan biwir. 

Kalahka peureum, ngararasakeun kaéndahan anu weléh kaimpi-impi. 

Patrem masih aya dina keupeulan.*** (Hérmawan Aksan) 


Kirim email ke