Teh Maria, kumaha daramang ? tos aya saminggu abdi absen, lantaran ngan ngagoler teras, kena demam muriang berat.
carita asal mula kena demam berat, waktos abdi mulih tiacara reuni/pesta sareng rerencangan ti Philipina,& Thailand, sabtu malam, harita teh sampe jam 3 dini hari, pas abdi buka panto, abdi teh bade ngahurungkeun listrik dihall tangga, ujug-ujug aya anu nyapa "Hello" sora istri, atuh abdi teh kaget, da dibumi teh ngan abdi nyalira, teras listrik dihall tangga kuabdi dinyalakeun, bari jeung luak lieuk, tapi teu aya sasaha, abdi teh langsung lumpat kaluar ngudak Wayne anu tos ngajalankeun mobilna, atuh puguh bae keur mah tiris pisan suhu -18 darajat, barijeung salju mani turun teras-terasan, langsung abdi mah jerit-jerit manggil Wayne anu tos rada jauh, bakat kusieun tiris-tiris oge diterjang, inget kana cell phone, langsung abdi ngebel ka Wayne kudu balik deui ngajemput abdi, lantaran alim kalebet bumi sieun kanu nyapa "hello" mani jelas sora istri tiarah tangga (percaya atapi heunteu terserah, tapi kaalaman kuabdi), salama abdi cicing dibumi eta sering mireng anu aneh-aneh. Tiharita abdi langsung udur, gara-gara kaget/takut, sareng katiisan. Abdi mah ayeuna ngalih nyewa apartemen, daripada dibumi itu matak setres, ayeuna mah abdi ngarasa tenang diapartemen keur mah sae, bersih, aman, teu sambarangan jalmi tiasa masuk kaapartemen, kedah lapor heula. Ayeuna teh bumina bade diical ku Wayne, pernah dikontrakeun, ngan tara lami teu nyampe sataun, panginteun sieuneun. Abdi mah kaitung kiat pang lamina cicing dibumi eta. Waktos abdi beres-beres ngepak barang dibumi itu bade ngalih ka apartemen, harita teh Wayne , Alex, Michell ngabantuan, ujug-ujug abdi teu tiasa gerak, karaos aya anu nyepeng leher abdi. Alex & Wayne luncat nulungan abdi, anu nuju kaku, ari abdi teh naros kamereka "saha anu nyepeng leher abdi?" Wayne + Alex ngajawab teu aya sasaha, ujug-ujug abdi nangis, teras dipangku kaluar , langsung dicandak karumah sakit, tiharita abdi mah kena demam berat. Tapi ayeuna mah rada sae, ngarasa tenang tos ngalih ditempat baru. Salami abdi nyicingan bumi itu, pernah abdi ngimpi, ningali seorang gadis muda nuju disiksa diruang komputer abdi, dicambuk siga kuda, sigadis teh jerit-jeritan menta tulung ka abdi, abdi teh berusaha nulungan, tapi teu tiasa, lantaran karaos beda dimensi/beda jaman. Kamarna teh ngan katingali hitam putih, sareng jalmi anu nyiksa siga jalmi tijaman baheula. Bumi teh umurna leuwih tisaratus taun, aya anu masihan khabar ka Wayne, ceunah 80 puluh taun yang lalu aya gadis muda dibunuh , sampe ayeuna oge sipembuhun-na teh teu katangkep. Duka tah aya hubungan-na atanapi heunteu sareng ngimpi abdi ? Tos aach... mangga teh Maria Nn
