Asa kaemutan ngaos anu di heureuyan jurig, kuring ge gaduh 
pangalaman aheng !kajadian nana dikantor. saurna dikantor abdi teh 
aya jurigan , ngan rada aneh lamun ngabungkeuleuk teu katingali 
jirimna mung hideung tapi nu atra mah palebah jempol ! jelas pisan 
etamah.
jadi jempol ngalayang .... ihhh matak muringkak bulu - bulu (da loba 
uing buluna )
Dina  hiji mangsa kuring kudu lembur dikantor da isukan laporan teh 
bade dianggo rapat, emut pisan melem jumaah ,tah tipasosore hujan 
ngicrik ari babaturan kantor mah tos aruih. 
bari ngutrek laporan teh ngahaja nyetel mp3 lagu kacapi suling, kira-
kira tabuh 8 an keur mejeuhna anteng. tok..tok..tok.. aya nu 
ngetrokan panto rohangan. "asup !" ceuk kuring, tapi jempe euweuh 
sora, lagu ngahaja dileutikan didedengekeun. tetep jempling . salah 
denge meureun ! ngubaran hate !
der digawe deui ! ayeuna teu make musik , kreket....!!! sora panto 
luar kos aya nu muka ! teg... asa nyeblak kana jajantung. rey... 
bulupunduk harudang !! didedengekeun..... jempling. tapi da 
panasaran , sugan office boy !! jang...ujang..!! ku kuring 
dicalukan. tapina tetep jempling.
Akhirna teu khusu atuh. sok we peperen ke wae digawekeun di imah 
tibatan aya nanaon. sup parabotan gawe diasupkeun kana tas !
eta ge bari rurusuhan. geuwat kaluar. na ari pas muka panto ruangan 
aya nu ngajelegedek hideung keur nagtung dina pantor paragi kaluar. 
atuh colohok uing ge kasima. rek ngagoak euweuh soraan. rek lumpat. 
lumpat kamana da jalan kaluarna kahalangan ku mangkeluk. rek 
babacaan ayat kursi lebeng poho harita mah.
ngan nu jelas eta jempol na nunjuk ka kuring, naon meureun maksudna. 
ambir ampir kapiuhan atuh. beuki lila eta jempol ngadeukeutan 
kuring, atuh tambah ngahodhod . beuki deukeut.....beuki deukeut. aya 
satengah meterna ti kuring. geuwat ku kuring eta jempol teh di bere 
cinggir. sut sia..... atuh eleh !! les we leungit ! kuring buru buru 
balik bisi jurigna jadi curuk , hayo jadi ulin engkena.... 

Kirim email ke