Moal atuh teh abdi mah nyaah pisan ka Neneng Charlize teh... panggilan abdi ka pun Bojo :D. Dugika ayeuna oge eta pun bojo teh sami sareng abdi seueur penggemarna hehehe :)). Maklum pan ari nu geulis mah pasti papasangan na oge jeung nu kasep hehehe. Soalna Neneng Charlize teh wanoja anu daek keun ka abdi basa ku abdi di ajak ngaheuyeuk dayeuh ngolah rumahtangga ti 0 (zero) keneh :D. Tah ayeuna mah teu kaci ah bisi ge seueur nu bogoheun teu terjamin kacintana ka abdi hehehe.
Haaar naha Teh Maria janten teu pede kitu :))... upami kitu mah atuh Teteh dikategorikeun Geulis Gunung atuh... ti kajauhan katinggali geulis pisan tos caket hayang naekan heuheuheu... punten ah heureuy teh sok kabina-2 nya :D... kaleresan abdi nuju bungah... nembe nyupport bisnis Herbal rerencangan sakedap tos kenging order 18.000 botol per month... saurna mah si eta distributor teh tos wantun 120 rebu botol per month hehehe... enjing bade tandatangan kontrak :). Janten modal kanggo nga develop produk nu sanesna .... Tah abdi nuju mikir yeuh... kumargi urang endonesa teh sex orientation-na edun pisan...termasuk resep pisan polimamih ... sigana menarik oge tah lamun jualan herbal kanggo urusan eta :D. Pasti para gegedug raresepeun hehehe. Pan kabayang memuaskan misalna istri 4 eta peryogi ramuan anu YAHUUD bin edun eta... saurna ceuk Herbal Information Center di China... kapungkur Kaisar China gaduh istri dugika ratusan ... tah aya obatna... ngan teu di pasihan terang naon formulana :(. Ciik manawi tah aya nu terang info na tatangkalan atanapi tumbuhan naon wae anu tiasa bikin GRENG :))... sigana ieu mah Kang Rusli jagona :D. Salam Greng, Asep ----- Original Message ----- From: Maria Astati To: [email protected] Sent: Monday, January 29, 2007 10:40 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Hayang bodas siga Desi Kade ah..ulah dugi ka di poligami pami gaduh bojo kawas Charlize Theron mah.., ih.. lebar atuh.., bilih diirong batur :-)))). hahaha, nya kantenan we atuh penampakan abdi mah teu patos tebih ti nu duaan eta, tapi kedah rada tebih ningalina, minimal pami abdi nuju aya di lantai 1, ditingalina kedah ti lantai 10 hihihi.. Dulur2na Happy teh seueur, sami seueurna sareng dulur2 abdi, janten ti ngawitan raka abdi, abdi, rayi abdi, ampir sadayana saangkatan sareng dulur2na oge, di SD nu sami, tah.. pami abdimah kantos basa masih keneh alit amengan sareng rakana nu namina Lena, janten manager Happy ayeunamah, masih rayi kelas sih sareng anjeuna di SD teh, tapi kadang ameng bareng, aprak2an... Duka tapi ayeunamah emuteun keneh atanapi heunteu sareng abdi, eta pangpangna aprak2kan ka walungan, ibak bari ngojay, digirangna katingali munding nuju diibakan, kabayang pan kumaha kotorna caina...hihihi.., Ari Happy mah ti masih sakola SD terkenal, da eta purah nari jaipong pami acara kenaikan kelas, pinter pisan narina.. Teras ti saprak lebet SMP, abdi mah tos tara amengan deui sareng anjeuna, benten sakola, mung terang kabar2na we, maklum pami janten seleb mah sok pada nyarioskeun di lembur teh, da anjeuna ge purah ngiring kontes2an, kantos janten finalis putri indonesia oge, janten juara dina bagian naon mah lah.., hilap tos lami. Sugan abdi nu bade terkenal teh Lena sanes Happy, atuh da geulis keneh Lena sareng Happy mah..(tina kacamata abdi harita, da pedah Happy mah kulitna coklat kawas abdi) ari pek teh geuning nu naek daun mah Happy. Kulawargi etamah katelah gareulis pisan, istrina tapi.., pamegetnamah heunteu..hihihi.., huppp ah.., bilih aya salah saurang kulawargina di milis ieu.., seep ke abdi diserang... Terakhir ningali Happy teh basa lebaran Idul Adha 3 taun kapengker.., basa abdi diditu, di lapangan basa bade solat Ied, rame di lembur abdimah pami lebaran teh.., sok aya selebritis hehehe.., utamina Happy sareng Lena. Baktos, Maria ----- Original Message ----- From: Aasep Tea To: [email protected] Sent: Friday, January 26, 2007 9:15 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Hayang bodas siga Desi Eeeeh guning Teh Maria teh caket sareng Teh Desi sareng Neng Heppy :D... waaah kabayang sigana Teh Maria kumargi sacai jeung sataneuh jeung maranehna eta sigana mah teu tebih teuing tah penampakan nana Teh ti Teh Desi sareng Neng Heppy... janten sumanget yeuh pendakan sareng Teh Maria ;). Leres Teh... Neng Heppy hitam manis n' Sexy... abdi resep pisan rambutna anu panjang samodel kitu teh. Malahan alasan abdi tertarik ka pun Bojo mantan pacar teh kumargi anjeuna oge rambutna panjang, kurus, manis ... bodas :D... upami di Hollywood mah sapertos Neneng Charlize Therong eh Theron :D. Salam Heppy, Asep ----- Original Message ----- From: Maria Astati To: [email protected] Sent: Wednesday, January 24, 2007 10:54 PM Subject: [Baraya_Sunda] Hayang bodas siga Desi Emut basa kapungkur jaman sakola di Sukabumi, Desi teh saluhureun sataun ti abdi, najan benten sakola, osok sakapeung mah ningal manehna naek angkot angkat ka sakola, atanapi pami 17 agustusan, da manehna janten anggota paskibra, barudak sakola teh ngahaja nongton paskibra meh ningal Desi, sok pada ngomentaran eta ge barudak sakola teh.., naha Desi mah milu paskibra ge.., bodas keneh we nya ceunah..heheheh.. Komo sareng Neng Happy mah.., wah terang alitna nepi ka ageungna, da tatanggi pisan, teu nyangka eta budak tiasa janten milyuner ayeunamah.., ibunamah dugi ka ayeuna oge masih nyobat sareng pun biang. Emut pun biang kantos nyarios sual Neng Happy ieu nyutat ti cariosan ibuna, ti basa manehna ngawitan nyonyobian ngiringan kontes cover girl2an.., ibuna teh nyarios..: ah.. manehna hideung kitu..,make mimiluan kontes2 kitu sagala ceunah.., maenya ge kapilih .., ih..teu terang mah ayeuna janten tajir.., hitam tapi manis, sexy pula lagi....hehehe.. Baktos, Maria Kang Asep nyerat : Leres Teh.. sukabumi emang tobh abis :D... Teh Desy Randasari, Teh Happy Salamina, jrrd... pan eta ti sukabumi... bati ngacay weh ninggali si Tetehs eta teh. Duka dikumahakeun eta Teh Desy nalakeun kumaneh ka si Akang Gegedugna Unacol ayeuna mah Chevron hehehe... kirang tune up kitu :D. Duka tah update ingfona terakhir Teh Desy kumaha... ulah-2 cicing-2 Kang Rahman inspired by si Aa Polimamih tea... tos ngalamar Teh Desdes ;)... ari abdi mah ngelmu eta mah can kataekan euy :D. [Non-text portions of this message have been removed] . [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed]
