>From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Di tempat kuring, baheula aya manuk nu disebut sit uncuing... tah ieu
> manuk teh mun di sada ngelik cenah eta teh kila-kila bakal aya nu
> maot. Bener henteu na mah duka teuing.

Enya kang, sarua jeung di lembur kuring, lamun manuk sit uncuing ngelak wae 
disada, eta teh totonden bade aya nu maot. Pun Nini kapungkur sok 
gogorowokan lamun manuk sit uncuing disada : "Kaditu siah, geura indit, ka 
sabrang ka Palembang" ( ....hehehehe Palembang deui wae nu katempuhan). 
Manuk sit uncuing, cenah mah manuk migran, nu lembur musim panasna di 
Siberia(? atawa di dataran Cina). Lamun usum tiris diditu, sit uncuing 
ngungsi ka Indonesia. Tapi aya oge sit uncuing nu jadi manuk lokal, teu 
ngilu migrasi deui ka dataran Cina (atawa Siberia).

Aya deui di lembur kuring mah, sora manuk nu mere totonden teh, manuk Bueuk 
(burung Hantu). Lamun manuk bueuk disada wae ti peuting ....eta teh 
kila-kila, bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi 
acan kawin. Baheula di lembur kuring, lamun aya wanoja reuneuh tapi teu 
kawin ......wah matak gujrud salelembur, ear sajagat, jadi omong 
mangtaun-taun nu teu anggeus-anggeus, kaasup dongeng manuk bueuk anu ngelak 
wae disada, dipipir imah si Wanoja anu reuneuh tiheula .....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke