--- In [email protected], Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sirit uncuing, atanapi Sit uncuing nu leres? di lembur abdi mah da disebatna Sirit Uncuing.., pun biang mah masih percanten pisan kana sora manuk ieu teh nu bakal nyababkeun rek aya nu maot. >
Teh M, Di tempat kuring oge aya nu nyebut sirit uncuing... (siga kumaha nya rupana ieu manuk?). Komo mun disebut sirit mah he he he... boa2 sarupa jeung si ujang kitu? Ngan aya jangjangan meureun? he he he... Talian Kang! Bisi hiber!!! ;)) Tapi sigana mah anu baku mah sit uncuing. Dina LBBS teu aya entri sirit uncuing, tapi sit uncuing. Dina Eringa mah... dipatalikeun jeung kecap siit alias JURIG. Paingan atuh! Dina Eringa keneh...lebah sirit... aya oge kecap sirit ucingeun he he he... Rek nalek, naon cing hartina? ;)) baktos, Rahman
