Ih... ari  kitu mah capek diperjalanan teutiasa menikmati pemandangan,
di pesawat bae mani aya kana 13 jam, wah rada mikir-mikir.

Kinten-kinten anu sae dinteun naon-nya kang waluya, menghindari macet ?

Tapi sigana mah tetep macet, abdi oge mireng dipuncak unggal liburan
sok macet total ceunah, ngan abdi mah kabayang ku colenak, bakar
jagong, anu jualan peuyeum singkong mani paranjang ngagalantung,
kumaha eta ngadamelna mani tiasa utuh sareng akar-akarna...

Teras tahu sumedang, upami aya mah hucap (Ketupat-Tahu) seneng abdi
mah raos, Goreng oncom. Sorabi dicampur goreng dage, combro, ari
diKuningan mah desbat gemet, aci, pokokna mah khas tradisional sunda,
karedok, gado-gado nganggo emping, Bakso urat... 

Kang Waluya Punteun, abdi ngalindur nyebat dahareun, pedah karaos
demam deui sigana mah, ngan ngaraweco teu puguh....

Marangga abdi bade istirahat heula, karaos panas deui...

Baktos,
Nn

Kirim email ke