> Habat ucing teh Nenen mah tiasa ka toilet sorangan, ucing abdi mah didieu masih keneh ku pasir, janten kedah dibersihan unggal dinten, toilet teh kalahkah dipake nginum, jorok ucing teh hehehe. Sok hayang seuri kadang2 ningali kalakuan ucing, eta nu hiji mah mani borangan pisan ku si Selena, da lamun can bobo mah atawa nuju di sakolana, eta ucing teh teu kecet2, nyumput we.., aya pami kaleresan kanyahoan tempat nyumputna, eta lumpatna mani tipaparetot.., pikaseurieun, dasar ucing borangan. Nu hiji deui mah teu pati borangan, ngan masih keneh sieuneun ku murangkalih, eta sok ditindihan, tuluy dicocoo, ari nitah dahar ka ucing bari jeung maksa, sirahna diasong-asongkeun kana kadaharanana, sami lamun nitah sare oge, kudu nurut eta ucing kudu sare.., dasar budak.
Teh Maria, karunya ka ucingna bilih setres, Selena pasihan mainan bola atanapi tikus-tikusan kanggo ucing jadi tiasa main bareng, ulah ditindihan karunya he..he..he.. diusapan, dipangku ucingna ku Selena, bilih setres ucingna, engke nyakar Selena, matak bahaya. Ari abdi mah makanan ucing sareng minum-na langsung di simpen di jar kontainer khusus kanggo ucing, jadi si ucing teh tiasa bebas sakahoyongna upami lapar nya emam kunyalira dina jar kontainer, upami wengi kuabdi sok disumputkeun jar-na lantaran, ari wengi mah dididik stop makan, biar enggak terlalau kegemukan. Ari Sifat ucing nyeta Rutin, jadi upami kuurang dididik secara rutin, hasilna oge si ucing teh rutin unggal dinteun ngalakukeun anu tos didik kuurang. Teras upami ucing nuju emam ulah diganggu, soalna upami terganggu biasana jadi rada teu ka kontrol tiasa nyakar-nyakar/setres naon bae anu aya disekitar-na. Makana keun bae simpeun di Jar kontainer, jadi bebaskeun, engke oge rutin terdidik, upami lapar emam, upami kenyang, bisi kontainer pinuh kuparab ucing oge moal diemam kuucing teh, ngan upami wengi sumputkeun. Masalah ucing nginum di toilet, tiasa dihindar, meser pembersih toilet warna biru, lebetkeun/digantung kana tempat cai, jadi upami parantos flash toilet, caina berwarna biru, jadi siucing moal nginum ti toilet deui, ieu kaalaman kuabdi, sok geura cobian. Panginteun Selena mah gemes kana ucing, matak lucu ningalina... Kanggo neng Selena yang cantik, ulah nindihan ucing bilih dicakar engke getihan matak bahaya. Salam sayang kanggo Selena. Baktos, Nn
