--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mun teu salah mah aya lalaguan anu dimimitian "rempug jukung pamuda
> Indonesia"... jst jst.... Poho deui kaditu na mah...
> 
> Ieu teh kaasup babasan anu sarua hartina jeung gotong royong, rambati
> rata...
> 

Jukung teh... ceuk Eringa mah sabangsa kano, parahu tina tangakal kai
anu dikorowotan.

Duka kumaha asalna ieu babasan rempug-jukung teh. Tapi bener oge
perkiraan kuring... dina LBSS rempug jukung teh nyaeta: sabilulungan,
teu aing2an, sauyunan, sahate, silih tulungan (tingali entri jukung
jeung rempug).

Ngan SIGANA mah kieu. Jukung teh apan kano anu rada badag, anu
didayung. Tah... mun ngadayung ku sorangan mah moal katanagaan... jadi
baheulana ge sok didayung babarengan. Mun ngadayung aing2an... sigana
mah moal maju2... lin? Makana... mun make jukung... ngadyaungna KUDU
barempug... alias sabilulungan tea?

Sigana, bisa oge ditingali contona di masyarakat PApua atawa Ambon anu
make jukung! Ngadayung na bareng jeung rampak.

Anu boga pamikiran sejen na... sok dongengkeun bae! ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke