Nepangkeun ka sadayana, sim kuring Tata Mustasya, nembe subscribe dua dinten 
kamari. Bingah pisan aya milis urang Sunda, terang pedah tulisan abdi di Kompas 
"Ilusi tentang Pemerintah" di-post ku Kang Rahman di milis baraya_sunda.
   
  Hehehe...langsung ngiringan diskusi we yeuh. Ku naon Budaya Sunda 
kasisihkeun? Sim kuring mah ningalina simple pisan: Urang Sunda nu tiasa maju 
(secara ekonomi, intelektual) masih minim. Padahal "ketahanan budaya"  teh 
sigana mah turunan tina "kemenangan persaingan ekonomi"
   
  Contona, tuangeun ti nagara Barat geuning beuki dominan di nagara urang. 
Kumaha masa depan jengkol, peuteuy, leunca 15 tahun deui? :-) Kitu deui 
tuangeun Korea, Jepang dsb malah mulai ngarambah Amerika sagala. Kumargi, 
Jepang, China sareung Korea tos nyajajarkeun diri secara ekonomi sareng 
nagara-nagara nu lami tos maju. Conto sanes, film2 Hollywood teh pan mangaruhan 
pisan gaya hidup penontonna.
   
  Teu heran budaya Jawa tiasa kuat di Indonesia margi aranjeuna nu nuju nyepeng 
politik-ekonomi Indonesia. Pan di Jakarta pami panggilan nu azim teh "mas/mbak" 
sanes "akang/aa/teteh". Untung wae ayeuna mulai seueur "aa" nu bermunculan 
kalebet Aa Gym, Aa Hadi, sareng Aa Gatot...
   
  Tos heula ah...
   
  Salam,
  Tata  
   

Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:

> Jadi, kuring satuju jeung kalimah kang Encep Dulwahab dihandap ieu :
> "Kalau dicermati, orang Sunda itu lemah dalam hal penguatan diri.
Sementara
> di sisi lain kuat dalam akulturasi. Ketika melihat budaya lain hebat,
> langsung diadopsi dan melekat tanpa memperkuat budaya yang pernah
> didapatkannya, seperti bahasa, pakaian, dan model."
> 
> Urang Sunda teh memang gampang pisan tura-tiru, nurutan batur ....
> 

Kang Wly,

Naon hartina kecap 'ngarunjat'nya? Asa kakara manggihan ieu kecap.

Budaya Sunda budaya BEO? Mun ditilik2 mah siga enya kitu. Budaya Sunda
lain budaya NYIPTA tapi budaya nuturkeun batur... ngabebek tea? Terus
terang... kuring rada bingung mun ditanya mana budaya Sunda PITUIN? Da
hese atuh ngajawabna ge, sabab pangaruh luar kacida bedas na.

Anu aneh deuih... urang mah sok REWOG pisan narima pangaruh batur.
Sigana teh budaya Sunda mah teu boaeun filter.

Salah sahiji conto unsur budaya anu kuat pangaruhna dina budaya Sunda
teh agama jeung kapercayaan. Pan geuning aya kasus agama Sunda wiwitan
(teuing pituin henteu na mah!) mani dikekesek kitu. Didiskriminasi ku
kapercayaan anu anyar datang ti luar. Padahal eta kapercayaan teh mun
ditilik2 mah leuwih lila di Sunda!

Dina segi basa... undak-usuk basa anu asalna Jawa ge mani nambleg
pisan pangaruhna.

Budaya Sunda resep NGIBLAT ka budaya sejen? Hayu babarengan urang
teangan jawab na.... 

baktos,

Rahman



         

 
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke