--- In [email protected], Tata Mustasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nepangkeun ka sadayana, sim kuring Tata Mustasya, nembe subscribe dua dinten kamari. Bingah pisan aya milis urang Sunda, terang pedah tulisan abdi di Kompas "Ilusi tentang Pemerintah" di-post ku Kang Rahman di milis baraya_sunda. > > Hehehe...langsung ngiringan diskusi we yeuh. Ku naon Budaya Sunda kasisihkeun? Sim kuring mah ningalina simple pisan: Urang Sunda nu tiasa maju (secara ekonomi, intelektual) masih minim. Padahal "ketahanan budaya" teh sigana mah turunan tina "kemenangan persaingan ekonomi"
Haturan Kang TT, Wilujeng sumping di milis BS, wilujeng tepang sareng kuring spk di ieu forum. Resep... nambahan dulur deui yeuh. Komo anu sok resep baceo mah he he he... jadi nambahan rame. Moal keueung teuing di pangumbaraan teh. Punten... kuring mah sok ngarambah tulisan batur. Heg diposkeun di ieu forum. Ngeupanan baraya di ieu rohangan... sina ngobrol. Ah, naon we nu diobrolkeun mah... nyambung teu nyambng na mah kumaha engke. Ngan... susuganan we aya mangpaatna saeutik2eun mah. Balik kana jejer ieu obrolan. Enya Kang, kaciri kitu pisan. Budaya Sunda teh lain budaya produktif. Hese neangan conto budaya urang anu nyebar dipake ku budaya sejen. Sabalikna... urang ngan saukur make unsur2 budaya batur. Alatana bangsa SUnda TEU kreatif tea kitu? Kreativitas bangsa urang teuing teu maju... teuing kapendetan... teuing memang teu kreatif? Perkara pangaruh budaya sacara global. Kuring ningalina siga kieu. Pangaruh budaya ti luar teh nya wajar2 bae... sabab taya hiji budaya anu macakal sorangan. Pangaruh budaya teh siga urang ngalungkeun sababaraha batu ka balong... tah riakna teh nya pangaruh ka budaya sejen. Lingkaran pangaruh (budaya) anu gede, hade jeung kuat... bakal kaciri pisan dina balong. Sigana mah... budaya urang teh ngan saukur batu leutik... anu ngan bisa nyieun riak leutik? Tong boro mere pangaruh ka luar (budaya) urang, dalah di jero budaya Sunda sorangan ge ampir geus beak pada naringgalkeun? Enya kitu? Duka teh teuing... baktos, Rahman
