> From: "Muchamad Iman Karmawijaya" <[EMAIL PROTECTED]> > Sumuhun leres pisan eta teh gan :D, > da urang sunda teh elehan pisan di bidang cacariosan. > Ti jaman sd, smp, sma, dugi ka perguruan tinggi, anu > jadi KM teh seseeurnamah lain urang sunda. > Komo mun di lingkungan kerja mah leuwih2 deui. > Walah ieu mah ti bubudak oge, urang sunda mah geus > elehan.. :
Ngarobah kabiasaan/budaya tangtuna oge moal bisa sakeudeung, aya proses. Kuring sorangan oge kadidik ku kolot, ku masayarakat sabudeureun (lingkungan) ku etika/niley/ norma Sunda. Kudu elehan, someah ka semah, sikep rada feodal , geus napel, hese ngaleungitkeunana. Contona kieu, saperti nu didongengkeun ku Bah Surtiwa, kuring angger sok rada ngahuleng lamun aya nu cologog atawa nu ngomong kasar, komo lamun eta nu cologog/ ngomong kasar teh jalma titahan urang (pagawe urang jrrd). Tapi paling henteu, kuring ngusahakeun supaya "perasaan diculangungan" teh dikurangan saeutik-saeutik. Tapi ayeuna kabeneran ..... aya internet, khususna millis. Millis gede gunana keur ngadidik urang Sunda biasa patorong-torong jeung paloba-loba omong. Millis oge henteu ningali status sosial atawa umur. Didieu urang papada teu terang saha nu diajak ngobrol. Kabeh dianggap sarua, egaliter. Rasa sungkan teu aya, beletak-beletak we upami aya pamandegan teh. Hanjakalna teh masih saeutik urang sunda nu resep ngacapruks dina millis ......teu sabanding jeung padumuk urang Sunda nu ampir 30 juta. Hayu urang robah saeutik-saeutik sifat negatif urang Sunda, ku sering ngacapruks dina millis. Sugan we jadi robah, ngadak-ngadak jadi wanian nyarios di alam nu nyata ..... Baktos, WALUYA
