--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hayu urang robah saeutik-saeutik sifat negatif urang Sunda, ku sering
> ngacapruks dina millis. Sugan we jadi robah, ngadak-ngadak jadi wanian
> nyarios di alam nu nyata .....
> 

Baraya,

Bener ceuk Kang Wly. Eta pisan anu salah sahiji udagan kuring dina
marajian ieu milis. Urang diajar egaliter... jeung dedemokrasian. Da
eta teh modal dasar sangkan bisa maju.

Makana... sabisa2... make basa Sunda panengah we. Mimitina mah memang
sok kagok, tapi lila2 mah biasa. Atuh susuganan bisa napel kana
ngagnakeun basa lisan... terus tatalepa kana SIKEP urang di darat. Da
kaciri atuh... sikep urang SUnda mah sok popoyongkodan. Nunjuk ge make
jempol! Na ari curuk keur naon atuh? Pang curuk teh jang NUNJUK he he
he... jempol mah ... jang?... Teuing!

Tapi terus terang bae... mun kuring amprok jeung batur teh...
undak-usuk  kasebelan teh luncat mulang! Heueuh dipake deui... HESE
miceun na mah euy! Asa embung disebut dusun sigana mah! :(((

baktos,

Rahman

Kirim email ke