> From: "Tata Mustasya" <[EMAIL PROTECTED]> > Abdi di Sukabumina di caket lapang Merdeka. Pami keleresan dinten Sabtu-> Minggu nuju di ditu, pan rame pisan eta teh...
Wah ... di kota atuh eta mah Kang, henteu nyingcet. Kuring ayeuna rada jarang ka SMI teh (kuring ayeuna di Bandung), maklum mitoha sadayana parantos ngantunkeun. Jadi teu puguh ari nganjang ka lembur (pamajikan) geus teu aya kolot teh. Tapi dina tilu-opat bulan mah, osok ka Cibadak, komo upami lebaran mah. Ke upami kaleresan ka SMI, kang Tata dijapri ku abdi, urang papendak. Puguh ari keur di Cibadak teh, sok bingung, kamana yeuh pianjangeun .........maklum da pamajikan mah paciweuh jeung dulur & batur salemburna .....ari kuring mah jadi bengong, teu aya nu tiasa diajak ngobrol rame. Baktos, WALUYA
