>From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> Kuring ge apal kana ieu dongeng teh.

Kang RH,  kabeneran perkara Apun Gencay teh kungsi dipadudengkeun di millis
sabeulah sababraha taun katukang (harita kuring nu ngamimitian). Abah Surya
(Drs Suryalaga, Dosen Basa Sunda di UNPAD) ngiring mairan, nyebatkeun
"tragedi cinta" Apun Gencay teh sanes dongeng, tapi memang kantos kajadian
di Cianjur, kajadian ieu sok disarebut "DALEM DICONDRE" .

Nyanggakeun pairan ti Abah Surya :

Re: [kisunda] Carios Cacah jeung Dalem Cikundul jaman Baheula


Abah Ngiring mairan.
Leres sazpertos anu dipisaur ku gan Gunawan Yusuf. Kangjeng Dalem Aria
Wiratanu III nu disebat dalem Dicondre ( condre = sabangsa pakarang, badi). 
Mojang
anu bade dipigarwa ku Kj. Dalem teh jenenganana APUN GENCAY (sanes
AMPUN....).Numutkeun hiji kanda, saleresna Kj, Dalem henteu uningaeun yen
Apun Gencay parantos gaduheun beubeureuh, nu mawi dilamar oge. Kantos
dijantenkeun garapan pintonan gending Karesmen Apun Gencay.(mung hilap deui 
karya saha).

Tansah
Abah Surya.
=========
--- "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Sumuhun, eta kajantenan teh aya di Dalem Aria Wiratanu III (Dalem
>Dicondre),
>harita Dalem ngalamar salah saurang istri nu tos tunangan sareng nu sanes,
>saatosna nikah Dalem kadongkapan tamu pameget (tunangan si istri) saurna
>mah
>bade kapendak barang jol dongkap Dalem harita ditusuk (dicondre) ku eta
>pameget teras si pameget bade kabur nanging sempat katewak ku pengawal.

Kirim email ke