Nuhun Kang, Bisa jadi kuring pernah maca ieu obrolan, bisa jadi oge gending karesemn anu diiluan kuring teh perkara ieu oge. Can jelas keneh... loba pohona euy... he he he. Ma'lum... umur geus cueut ka hareup?
Aya kitu buku atawa tulisan perkara ieu dongeng? RH --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > >From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > > > > Kuring ge apal kana ieu dongeng teh. > > Kang RH, kabeneran perkara Apun Gencay teh kungsi dipadudengkeun di millis > sabeulah sababraha taun katukang (harita kuring nu ngamimitian). Abah Surya > (Drs Suryalaga, Dosen Basa Sunda di UNPAD) ngiring mairan, nyebatkeun > "tragedi cinta" Apun Gencay teh sanes dongeng, tapi memang kantos kajadian > di Cianjur, kajadian ieu sok disarebut "DALEM DICONDRE" . > > Nyanggakeun pairan ti Abah Surya : > > Re: [kisunda] Carios Cacah jeung Dalem Cikundul jaman Baheula > > > Abah Ngiring mairan. > Leres sazpertos anu dipisaur ku gan Gunawan Yusuf. Kangjeng Dalem Aria > Wiratanu III nu disebat dalem Dicondre ( condre = sabangsa pakarang, badi). > Mojang > anu bade dipigarwa ku Kj. Dalem teh jenenganana APUN GENCAY (sanes > AMPUN....).Numutkeun hiji kanda, saleresna Kj, Dalem henteu uningaeun yen > Apun Gencay parantos gaduheun beubeureuh, nu mawi dilamar oge. Kantos > dijantenkeun garapan pintonan gending Karesmen Apun Gencay.(mung hilap deui > karya saha). > > Tansah > Abah Surya. > ========= > --- "Gunawan Yusuf" <gunawan@> wrote: > >Sumuhun, eta kajantenan teh aya di Dalem Aria Wiratanu III (Dalem > >Dicondre), > >harita Dalem ngalamar salah saurang istri nu tos tunangan sareng nu sanes, > >saatosna nikah Dalem kadongkapan tamu pameget (tunangan si istri) saurna > >mah > >bade kapendak barang jol dongkap Dalem harita ditusuk (dicondre) ku eta > >pameget teras si pameget bade kabur nanging sempat katewak ku pengawal. >
