> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> perkara mahatir, sakadar info, manehna jeung pamajikanana memang DOKTER ti
> fakultas kedokteran universitas di singapura, waktu singapur masih ngahiji
> keneh jeung malaya.

Enya MH, kuring oge apal Mahatir teh dokter. Eta perkara UNPAD masihan DR. 
HC ka Mahathir, sanes Mahathir keur waktu kawasa, tapi geus pansiun, jadi 
UNPAD teu ngarep-ngarep bantuan ti Malaysia .....hehehehe, ngan meureun 
bakating ku kataji we ka Mahathir jeung ongkoh lamun teu salah mah aya salah 
sahiji menteri di Kabinet Mahathir baheula anu tamatan UNPAD. Sabenerna loba 
urang Indonesia nu kataji ku Mahatir, nu ku pers barat sok disarebut "little 
Soekarno". Mahathir politikus kawakan, anu "leueur" pisan. Sanajan Mahathir 
ngomong "galak" ka Barat, komo basa krismon mah, bebeakan nyarekan "kulon", 
tapi waktu WTC di bom mah, manehna pinter maca situasi,  gancangan "balik 
kanan", tepi ka Amerika ngabageuran deui .....

Ngan ayeuna karunya nya, manehna lamun teu salah mah kungsi disemprot gas 
air mata ku pulisi, da ngilu demo, nantang PM nu diangkat ku manehna 
sorangan ......

Baktos,
WALUYA

 

Kirim email ke