--- In [email protected], Bambang Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >
> > Jeung na deui ... jang naon Pa Alwi make tatanya naha kuring teh Cina atawa lain. Lamun kuring Cina ... memangna rek dimusuhan? > > Paingan atuh aya istilah Xenophobia ... sieun ku Cina ... > Aya hiji deui Kang, etnik anu sok teu pupuguh dimusuhan... urang Yahudi. Loba pisan dilelewean ku bangsa urang (najan bari teu kenal oge!), kade ulah pabaliut jeung urang Israel. Israel teh bagean tina etnik Yahudi, lin? Mun aya nu teu bener... pajarkeun teh Yahudi siah! Padahal mah sabreg pisan urang Yahudi anu picontoeun. Kabeh nabi anu 25 anu sok diapalkeun hahaleuangan keur budak... apan lolobana Yahudi! Kecuali Nabi Muhammad meureun? DAud, Sulaeman, Musa, Harun ... Isa, jlte... Aneh... kunaon jelema sok kitu nya? Sigana mah sirik we pedah batur maju sacara ekonomi kitu? baktos, Rahman
