--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> enya kang asep, kiwari tahu sumedang jigana geus nerekab ka daerah 
> sejen.
> salian di samarinda (borneo wetan), tahu sumedang oge aya di 
> banjarmasin
> (borneo kidul)

MH, ari lauk pupuyu seueur keneh di Banjarmasin? ....Lah eta mah 
lauk, raos pisan umpama dibeuleum mani girinyih, ngan ngadaharna 
ripuh, rungseb pisan, loba cucukna.

Banjarmasin, pan kamashur ku "floating market"na. Aya tatangga 
aslina urang Banjarmasin, mani sok agul pisan, pajarkeun teh 
Banjarmasin, VENESIAna Indonesia. Ari ceuk kuring teh: "Geus kungsi 
nganjang kitu ka Venesia?"

"Acan", cenah ....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke