Aya deui katuangan has eta Borneo kidul, nyaeta Meri Alabio...aduh mangga cobian..henteu hanyir...digoreng..dibeuleum...benten sareng meri umuna....Ngan anu aya spesifik mirip2 di Malaysia teh .urang ditu teh resep pisan kana teh susu...lamun masakan anu mirim rendang..raos ega..eta disebat "daging Habang" (Daging merah)..ah lapar enjing2..JUmaah deui..
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > bah willy, kutan resep kana papuyu, hehe. atuh eta > mah lauk kalandepna urang > borneo. resep kuring oge. kumo upama dibeuleum mah. > papuyu 'babanam' cenah > ceuk urang borneo mah. kiwari seueur keneh eta > papuyu sareng haruan teh. > sabab habitatna can pati ka ganggu da hirup > dirawa-rawa jeung pasawahan. > baheula mah ari pere, sok resep oge ngadon nguseup > papuyu di sawah. ngan nya > kitu ari beubeunagnanana mah ngan ukur sababaraha > siki. mak'lum nguseup bari > ulin. tamba kawaranan ku nu di imah, kapaksa we > nyimpang ka tukang ngabubu. > bebeja ka nu di imah mah ladang nguseup, hahaha. > tapi jigana duka sabara > puluh taun deui eta habitat papuyu teh bisa > bertahan. sabab kiwari > saeutik-saeutik lahan rawa kageser ku komplek > paimahan. bo'a kahareup mah > kari dongengna, jiga betok di lembur urang. > > leres bah willy, 'pasar terapung' teh salah sahiji > maskot wisata di > banjarmasin. sok jadi pangjugjugan wisatawan nu > datang ka banjarmasin. > saenyana mah eta pasar teh ngarupakeun tatali marga > urang banjar nu hirup > sabudereun walungan. jadi tempat patepungna antara > patani di pahuluan nu > ngajual hasil tatanen jeung para padagang pikeun > dijual deui di pasar darat. > biasana waktuna teh ba'da sholat subuh nepi ka wanci > haneut moyan. jadi > upama rek ka dinya teh, kapaksa kudu rebun-rebun > keneh. eta nu dipakresep ku > turis mah, ngadon meuli dagangan ti parahu ka > parahu. nu meuli nyerenkeun > duitna tina parahu make gantar, nu dagang > ngasongkeun barangna tina parahu > sejen ku gantar oge. > > upa ditinggal, memang kalimantan potensil jadi > tempat wisata walungan. ngan > nyakitu can pati kapirosea. upama dibandingkeun > jeung sabah atawa sarawak, > ditungtung kaler pulo borneo, rada jauh keneh tah. > di lembur tatangga mah > eta wisata leuweung jeung walungan teh tos jadi > komoditi andalan nu dijual > ka mancanagara. malah imah panjang dayak, ku > maranehna mah kiwari geus > dimodernkeun, sangkan jadi pangjugjugan wisatawan. > > salam, > mh > > On 2/22/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > --- In [email protected] > <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, mh > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > enya kang asep, kiwari tahu sumedang jigana geus > nerekab ka daerah > > > sejen. > > > salian di samarinda (borneo wetan), tahu > sumedang oge aya di > > > banjarmasin > > > (borneo kidul) > > > > MH, ari lauk pupuyu seueur keneh di Banjarmasin? > ....Lah eta mah > > lauk, raos pisan umpama dibeuleum mani girinyih, > ngan ngadaharna > > ripuh, rungseb pisan, loba cucukna. > > > > Banjarmasin, pan kamashur ku "floating market"na. > Aya tatangga > > aslina urang Banjarmasin, mani sok agul pisan, > pajarkeun teh > > Banjarmasin, VENESIAna Indonesia. Ari ceuk kuring > teh: "Geus kungsi > > nganjang kitu ka Venesia?" > > > > "Acan", cenah .... > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________________________________________ Never miss an email again! Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
