--- In [email protected], "rusli1974" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tah..tah.. geuning kang rahman mah aya aya wae atuh !! > kudu ngarobahna rada hese meureun da kos sim kuring lamun sanajan > geus dahar roti, bubur , buras tapi lamun can kapanggih jeng kejo > mah da disebutna can dahar atuh !
Kang Rusli, Jaman masantren di NL baheula... kuring boga sobat saapartemen, asal Solo. Tah maneh na ge kitu... mun can nempo kejo, najan geus barang dahar naon bae ge sataker kebek... keukeuh we can disebut dahar he he he. Ari kuring resep ngaprak. Sakalimangsa mah ngajak maneh na ngaprak ka tempat sejen di Eropa. Tah... barang anu paling penting keur maneh na mah .... rice cooker... he he he. Ngagembol beas na ge mani loba indit saminggu teh. Dasar! Lain rek ngahalangan batur beuki sangu Kang. ANu jadi masalah teh pare mah hese dimenej na. Loba teuing faktor luar anu nangtukeun hasil henteu na panen beas. Antukna ..mun hiji bangsa nyarande teuing kana beas siga di urang, nya dipake kaulinan ku spekulan. Tah, mun ya diversivikasi pangan mah... meureun bisa nyingcet saeutik2eun wae mah. Anu jadi masalah deuih di urang mah. Suku2 sejen anu sacara tradisional TEU dahar sangu, hayoh diojok2 sina dahar sangu. Nya atuh tambah riweuh. Kulantaran kitu, asa aya hadena mun bangsa urang sina diajar dahar bahan nu sejen. Hamburger, pizza, bakmi, pasta ge geus umu lin. Ngan nya kitu tea... mun can manggih sangu mah keukeuh can dianggap dahar. Teu kaharti... beuteung na ASA teu kaeusian ku dahareun sejen kitu? ;)) baktos, Rahman
