--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kang rh, memang jigana baris pikahariwangeun upama di toong palebah dinya > mah. ngan, upama noongna lebah nu sejen, jigana aya hadena eta program teh. > kiwari, lamun urang leukeun noongan kaayaan sabagean budak ngora, matak
Kang MH, baraya, Anu jadi masalah keur kuring mah deuih lebah WAJIB na. Mun kabeh pamuda diwajibkeun milu latihan tea mah, kumaha ngatur sakola (reguler) na? Lian ti kitu, pan tangtara urang mah profesional lin? Naha perlu keneh kitu cadangan ti sipil? Atuh lamun kurang mah, tambahan personilna we... sakalian nyieun lapangan pagawean. Da mun dibuka pendaftaran calon tangtara ge pasti ngabrul nu dalaftar! Tinimbang ngaggur... nya mending jadi tangtara! Jadi... alesan jang cadangan pertahanan, kurang cocog. Mun tea mah aya wajib militer. Anak2 gegeden pasti nyaringcet neangan pokal sagkan ulah asup wajib militer. Carana mah kumaha we. Ari anak rahayat mah moal bisa nyingcet! Urang kudu ngabanding2 jeung pangalaman nagara batur. Di NL ge wamil eus dihapus kira2 10 taun ka tukang, sabab hasil anu dipiharep teu kataekan. Kalah ka kacape2 nyieun program anu alus bari euweuh hasilna. Tangtara NL ayeuna kabeh 100% profesional, teu make cadangan tangtara amatiran. Hiji deui anu jadi ganjelan tina ieu artikel. Naha pulisi oge bet dibabawa jadi cadangan MILITER deuih? Pan geus jelas tugas na ge pul;isi mah? Pulisi mah LAIN jang perang... Ari ieu hayoh rek dijeiun alat tempur. Ah, bingung kuring mah... baktos, Rahman
