--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> 
> Disisi lain abdi ninggali ieu pasipatan teh hiji hal anu positif oge
:)... abdi ninggali Figur Siliwangi mirip sami sareng Syekh Dubai Al
Rashid tea... dimana manehna mah teu paduli urusan Syiah atawa Suni,
teu paduli kayakinan na naon ... nu penting rahayat Dubai maju. Apa yg
bagus buat pedagang / pengusaha bagus juga buat dubai. 
> 

Kang Asep,

Halah... naha nya...ieu postingan bet asup kana map SPAM geuning.

Enya Kang, basajan teh ALUS pisan. Ngan lebah basajan urang SUnda
kalah jadi bumerang geuning.

Masih keneh can jelas, dimana salahna. Ngan anu jelas... urang Sunda
euweuh kamajuan. Sigana mah lain alatan basajan na, tapi aya faktor
sejen anu ngahalangan bangsa urang maju. Can kateuleuman faktor naon
na mah... susuganan ku mikir barempug siga dina ieu forum... aya
kerlap kerlip na ti kajauhan.

Loba pisan tanda tanya dina sirah kuring mun miregkeun kayaan bangsa
Sunda teh.

Kade tong salah harti. Kuring reueus jadi urang Sunda. Eupan2 kuring
anu sok dibaledegkeun dina ieu forum teh kadang2 sok nyeletit jeung
pikanyerieun. Tapi eta teh didorong ku kareueus jeung kanyaah kuring
kana budaya Sunda. Itung2 neangan ban bocor tea. Mun geus kapanggih
bocorna... atuh gampil nambalna.

baktos,

Rahman

Kirim email ke